Satuju, mung kedah ngobrolkeun heula sareng wargi kusnet nu sanesna, khususna ka para sesepuh Ua Sas, Mang Je, Kang Maman Gantra, Ua Siddik, Kang Oman, janten engkena mung aya hiji kalimah sami ti kusnet...........DUKUNG...........LAH
----- Original Message -----
Sent: Tuesday, August 16, 2005 10:11 AM
Subject: [Urang Sunda] Visi misi Urang Sunda (KUSnet)

Ki Dulur,
 
Salam,
 
kamari poe saptu, kuring ngilu, sanajan ukur jadi peninjau, gempungan hiji orhanisasi kasundaan di Bogor.
kenalan jeung salah saurang diantarana nu wartawan koran di Bogor. manehna nanyakeun naha Kusnet pernah di muat di koran?, cekeng teh, lamun sacara individuna mah pernah, ngan kuring can manggih ari nu khusus tentang KUSnet mah (aeh asana mah asa enggeus nya di Kompas?). Nya manehna nawarkeun kumaha lamun ditulis di koran manehanana (koran di Bogor, ngaranna poho deui). Tah kusabab kuring mah can apal kanu kararituna KUSnet, nya ayeuna rek ngumaha kasadayana we. Cing pang ngalungkeun Visi Misi KUSnet.
 
jangjina mah kamari kuring ngirim visi jeung misi KUSnet ka manehna teh ngan gara-gara kamari katarajang mencret nya kakara ayuna kuring ngumaha ka sadayana. Ngaran eta wartawan Edwin, manehna oge aktip di Hanjuang Bodas Bogor.
 
hatur nuhun
Wassalam.
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke