Baraya,
"Jargon" visi jeung misi kungsi sakitu mahabuna di instansi-instansi pamarentahan, organisasi-organisasi kamasyarakatan, LSM-LSM, pemda-pemda, jsb. Sakitu mahabuna, nepi ka lamun aya hiji organisasi anu can boga visi jeung misi, sakapeung masyarakat teh ngaragukeun kana kinerja eta organisasi. Tapi, sabalikna oge kajadian, kusabab ngagampangkeun teuing dina nyusun atawa nyieun visi jeung misi, anu kaalaman ku organisasi-organisasi anu geus netepkeun visi jeung misina teh (kaasup instansi pamarentah) patojaiyah atawa "teu matching" antara lengkah lalampahan organisasi jeung visi-misi anu jadi udaganana. Teu nyalahan, yen dina nyusun visi jeung misi oge geus kajadian fenomen "eforia": pokona boga visi jeung misi anu ...mentereng lamun dibaca, kajeung teuing aya bukti-heunteuna mah. Kadang sok era parada ku visi jeung misi kantor sorangan anu tetela masih jauh tina harepan dibandingkeun jeung kanyataan lalampahanana; oge sedih nu aya ningali eforia visi jeung misi organisasi sejenna anu henteu nyurup antara naon anu ditulis salaku visi jeung misina dibandingkeun jeung kanyataanana.
Nyusun visi jeung misi dina hiji organisasi lain perkara gampang. Sabab, ceuk aturan, visi jeung misi teh kudu ngarupakeun kasaluyuan sakabeh anggota eta organisasi. Visi jeung misi teh eta bagean tina "perangkat manajemen" (manageware) anu diantarana ngawengku kana naon anu disebut salaku "Perencanaan Stratejik" (PS) tea. Cara nyusunna oge kudu ditempuh rapat-rapat atawa pajemuhan-pajemuhan sakabeh anggota, sakurang-kurangna wawakil ti kelompok-kelompok anggota (upama dina organisasi pausahaan mah wawakil ti divisi-divisi, biro-biro, jst; pon kitu deui dina organisasi pamarentahan, idealna kitu. Sanggeus nyieun visi jeung misi, tuluy kudu aya lengkah sosialisasi ka sakabeh anggota organisasi. Pon kitu deui, kalengkepan sejenna tina visi-misi kudu geus diringkelkeun heula samemeh sosialisasi teh. Ieu kalangkepan visi, misi (anu disebut PS) tea diwangun ku: visi, misi, tujuan stratejik, sasaran stratejik, program, jeung kagiatan (sababaraha literatur mungkin aya anu beda saeutik dina susunan ieu kalengkepan PS, tapi garis badagna mah sarua bae).
Eta PS teh kudu mibanda indikator pikeun ukuran kinerja (gawe)-na. Indikator diperlukeun pikeun komponen-komponen: input (asupan), output (kaluaran), outcome (hasil), benefit (kauntungan), jeung impact (dampak +) tina unggal-unggal kagiatan. Dua anu panungtung (benefit jeung impact) aya oge anu diganti ku komponen sejen: efesiensi jeung efektivitas, jst. Anu jadi indikator pikeun outcome nya taya lian ti indikator sasaran stratejik tea. Sakabehna dituliskeun dina rencana kinerja anu upama direncanakeun di awal taun gawe tur diukur dina akhir taun gawe bleg bae engkena jadi laporan akuntabilitas tea. Perencanaan stratejik memang salah sahiji alat pikeun ngukur kinerja gawe hiji organisasi, hartina: pikeun nangtukeun akuntabilitasna tea.
Balik deui kana soal visi jeung misi anu jadi tangkal pikeun nyusun kalengkepan PS sejenna, anu jadi sumber nyieun hiji kagiatan jeung anggaranana, tetetla lain perkara gampang. Sajaba ti proses nyieunn sakumaha disebutkeun samemehna, oge samemeh nyieun visi jeung misi, organisasi anu daria mah kudu nyorang heula migawean analisis-analisis saperti: SWOT, lingkungan organisasi (environment), Issu-issu anu aya dina lingkup widang gawe organisasi, panyawang pikahareupeun, positioning, jst. tina organisasina. Dina ngaringkelkeun kalimahna oge aya papagonna, henteu sagawayah.
Pikeun katerangan leuwih eces, jeung itung-itung ngabaladah, tur diajar (sami si kuring oge keur diajar keneh) nyusun "perangkat manajemen" anu ngawengku kumaha carana nyusun visi, misi, tujuan stratejik, sasaran stratejik, jst aspek sejen tina PS, sumangga ieu aya rujukan anu haratis tiasa didownload:
http://www.state.la.us/opb/pub/MW-AckTOC.pdf#search='manageware' . Dina ieu rujukan "manageware" dieceskeun kalawan singget, lengkep tur ngagunakeun basa inggris anu henteu pati hese, kalengkepan conto-contona ngawengku: kumaha cara nyusun visi, misi, jst., oge conto-conto kalimah visi, misi, jst anu salah jeung anu bener (geus nyumponan syarat-syaratna).
Tina ngilo hiji rujukan ngeunaan "manageware", baris ebreh ka urang sarerea yen nyieun PS (visi, misi, jst) pikeun hiji organisasi eta ngarupakeun hiji kaperluan upama organisasi teh ditujukeun salaku organisasi anu ngabogaan wangun tur merlukeun ukuran akuntabilitas gawena. Tapi, dina waktu anu sarua, henteu saeutik hahalang pikeun ngahontal tujuan nyusun PS tina hiji organisasi. Diantara hahalang: kasolidan anggota, bisana karumpul kalawan rada mindeng pikeun nyusun PS (hartina komunikasi), jst.
Hiji organisasi, merlukeun henteuna visi jeung misi (jeung kalengkepan sejen tina PS-na) gumantung sakabeh anggotana: naha merlukeun atawa henteu? Naha rek eta organisasi teh rek ditujukeun salaku organisasi anu mibanda wangun (bentuk) atawa henteu? jst. Disirorotkeun ka Kusnet/YP, si kuring mah ngiringan bae, naha Kusnet bade netepkeun visi jeung misina (hartina boga PS-na sorangan) atawa moal, ngiringan bae kumaha kasaluyuan anggota sanesna. Ngan, upama enya niat mibanda visi jeung misi (PS-na), memang kudu aya lengkah garapan anu daria ti sadayana.
baktos,
manAR
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

