Punten ah bade ngiringan..
 
Dina kaping 17 agustus, di Cianjur oge sami sareng daerah2 nu sanes sok ngarayakeun anu salahsahijina ku ngayakeun pawey. Dina prakna teh rahayat ti sakurilingeun kota malahan oge ti kecamatan2 di cianjur (Cikalong, Cipanas, Cibeber, Warungkondang, Sukanagara jeung sajabina) parantos tumplek ka jalan raya ngantosan pawey tea. Mung dina opat taun kapengker dugika kiwari aya hiji simbol anu leungit, nyaeta "Kuda Kosong" tea, anu biasana di arak pangpayuna pisan tina rombongan pawey teh dilarang kaluar kumargi nya eta tea (Nyaketan kana syirik tea.. alesanana teh).
 
ASPEK TRADISI
Abdi mah mung saukur ngaraoskeun da rumaos urang cianjur, ngeuningan teu gampil ngaleungitkeun hiji tradisi anu tos berlangsung ratusan taun teh, malahan ku dileungitkeunana eta tradisi "Kuda Kosong" teh ninggalkeun perasaan sono ti masyarakat kana eta tradisi.
 
ASPEK POLITIK
Ti kapungkur oge apanan rakyat cianjur teh seueur anu hoyong eta tradisi teh di ayakeun deui, mung kunaon nembe ayeuna wacana eta muncul deui?
Abdi ningali aya momen Kab. Cianjur teh bade mayunan PILKADA dina taun 2007, nyaeta gaungna tos mimiti katingali. Perkawis wacana "Kuda Kosong" oge katingalina janten komoditi oge kanggo narik simpati rakyat anu nuju sono pisan kana eta tradisi. Malihan aya kritik ka Pak Wasidi Swastomo anu kieu :
"Ari Kuda Kosong teu meunang, Ari Barongsay di hegkeun"
(barongsay kasenian urang tionghoa teh tos 2 taun tiasa dirayakeun, malihan nutup jalan raya cianjur sagala)
 
 
TEKA-TEKI
Teu acan terang dina dinten enjing 17 agustus 2005, yen eta kuda kosong teh bakal kaluar atanapi moal??? masih keneh janten patarosan ti seueur masarakat cianjur. Anu janten pangemutan oge kanggo Pak Wasidi Swastomo : "bade tetep kana pamadeganana wae yen kuda kosong teu kenging kaluar atanapi bade di hegkeun wae eta kuda kosong teh" (ngemutkeun serangan tina mangrupi-rupi media)
 
Abdi mah teu maksad ngiringan kana masalah Politik mah.. mung perkawis dilarangna tradisi "Kuda Kosong" mah aya saena oge pami dikaji deui.
 
 
NB> BIEU NEMBE KENGING BERITA YEN TADI TABUH 10-AN KODA KOSONG TEH KALUAR.. iring-iringan dituturkeun ku pawei karnaval agustusan
Hik.. hik.. nalangsa teu bisa balik ka lembur.
 
pihatur,
Dadan R. Saleh
 
 
 
----- Original Message -----
From: durahman
Sent: Thursday, August 18, 2005 8:33 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Fwd : WARGA CIANJUR MINTA TRADISI "KUDA KOSONG"DIHIDUPKAN KEMBALI

Hatur nuhun kang Gun.

Gunawan Yusuf wrote:
Punten, Dalem Wangsagoparana mah kawitna ti Talaga, karajaan bagian ti Cirebon. Atuh perkawis bupati mah tiasa ti mana bae nu penting mah leres dina ngajalankeun roda pamarentahanana sareng ngahormat kana budaya satempat, sanajan urang cianjur asli tiasa oge anjeuna teu ngahormat kana budaya cianjur, ngan ninggang dina bupati ayeuna kaleresan dina nami siga urang jawa, janten asal-usul mah teu penting, nu penting mah jinisna, da Dalem Cikundul oge saleresna mah masih turunan ti Cirebon oge, kanggo ka Kang Durahman mugia ulah renggat manah.
----- Original Message -----
Sent: Tuesday, August 16, 2005 4:02 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Fwd : WARGA CIANJUR MINTA TRADISI "KUDA KOSONG" DIHIDUPKAN KEMBALI

Punten .. eta pancakakina pajurawet .....
Upami teu lepat mah kieu :
Raden Jayasasana/Dalem Cikundul/Aria Wiratanu (salah sawios putra Sunan Wangsa Goparana, pangeran ti Sumedang Larang {???}), waktos masih


-- 
Wasalam,

Durachman
http://durahman-cirebon.blogspot.com/


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke