teu sawios2 atuh...lepat mah, jalmi.........ulah janten emutan, bilih enggal huisan..heuheuheu
 
ipeut

Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Diemut-emut rada reuwas oge, eta posting ti sim kuring anu tadi, pangpangna
mah soal Bung Karno (BK) sareng Bung Hatta (BH). Enya leres kang Rahman
kuring ngacapruks kamana-mendi. Punten pisan ka baraya sadayana, jiga kuring
nu melaan walanda .....hehehehe (wawuh oge acan jeung urang walanda teh).
Ieu mah bilih hoyong terang kunaon maksudna sim kuring nulis eta, kieu
maksudna teh :

1). Dina nempo kalakuan Walanda jaman harita, ulah hideung-bodas, walanda
ngarampog kakayaan lemah cai urang, memang leres, tapi aya oge aspek-aspek
kamanusaan urang Walanda ka Bangsa urang. Panjajah Walanda dibanding urang
Protugis jeung spanyol masih mending kalakuanana, tapi nu alus pisan mah
penjajah Inggris, da geuning rata-rata urut jajahan inggris mah leuwih maju
.....hehehehe (penjajah disebut alus ???..........)

2). Waktu jaman Orba, peran BK sareng BH teh dihaja teu pati ditonjolkeun.
Nu ditonjolkeun teh peran tantara, pangpangna mah Jenderal Sudirman. Tah
soal ieu kuring kungsi meunang indroktinasi ti tantara (baheula waku
mahasiswa), pokona mah Jenderal Sudirman leuwih punjul ti BK jeung BH. Waktu
harita sabenerna mah hayang nambalang ka sang "kolonel" teh, ngan teu wani,
kapaksa we unggut-unggutan. Tapi ieu lain hartosna kuring henteu ngahargaan
kana jasana Jenderal Sudirman atawa kaum militer nu sanes. Salah sahiji nu
digede-gedekeun ku sang "kolonel" ka kuring teh soal gerilyana Pa Dirman, Pa
Dirman henteu nyerah ka walanda teu jiga ....... (punten moal dicarioskeun
deui ah .....bilih salah hartos).

Tah kitu maksad sim kuring teh, ngan nyaeta nulisna bari rusuh, henteu
diemut/dibaca deui heula, maklum bari jeung pakepuk padamelan, tapi bari
jeung hayang posting ..................jadina diprotes ku kang Rahman euy.

Sakali deui punten pisan.

Baktos,
WALUYA

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke