Di daerah Cianjur mah namina Dodongkar (aya oge anu nyebat Kadodongkar ).
bahana aya anu tina tipung beas ketan, tipung gaplek (sampeu anu digaringkeun).
Carana : tipung beas ketan/tipung gaplek dilebetkeun kana aseupan, lapisan ku kurudan gula beureum, tutup deui ku tipung beas ketan/tipung gaplek, lapisan deui ku kurudan gula beureum....kitu wae teras dugika pinuh saaseupan....
teras diseupan dina seeng anu nyengsreng dugika asak.
Saparantos asak ditamplokkeun kana nyiru anu tos diamparan daun cau, nembe dikeureutan teras diawuran parud kalapa ....
 
Waaasssssss....
ssw
 
 

Ujang Kemod <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
basa kuirng maca koran kamari aya bag-bagan ngeunaan dodongkal... jadi reus ingeut basa keur leutik mun tiap isuk kuirng moal poho meuli dodongkal... trus.. tapi  naha ayeuna basa kuirng geus gede tara aya deui nu dagang dodongkal... punten bilih aya nu terang naon bahan dodongkal teh... trus kadaharan nu bisana bareung jeung dodongkal teh
...hatur nuhuhn






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke