Matak isin abdi maosna wa, eta teh nembe di Korea nya?
Komo upami di kedubes indonesia di nagara sanes, jigana moal teu benten!
 
Matak rieut atuda wa, kirang-kirangna mah mikiran para pamimpin nagara urang mah!
Digugulukeun teh ukur duit-duit-duit, hedonisme jeung kapitalsme...rahayatna mah...BUSUNG LAPAR DIMANA-MANA!
 
 
Heuheuy deuh, waas ningal peureumna si ua, bakating ku isin sorangan. Apanan Ua mah teu peureum oge tos peureum!
 
 
Deny

Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Poe kamari malem Saptu tanggal 19 Agustus 2005, dina raraga pangeling-ngeling 60 taun nagara urang mardeka, diayakeun hajat badag di Grand Balll Room Hyatt hotel Seoul.
Badag upami ditinggal tina waragad anu dikaluarkeunana. Badag upami ditinggal tatamu ondangan anu sumping, malih mah ti pamarentah Korea di wakilan ku Menteri Kalautan sareng salah sawios Dirjen ti Deplu Korea. Badag ditinggal tina acara anu dianggo ngareuah-reuahkeunana.
 
Waragad, kanggo ngawaragadan eta hajat nyeepkeun  puluh-puluh enjut Won (dikana rupi'ah keun man janten dikalikeun 9), sok sanaos sabagian tina eta waragad kenging tisababaraha sponsor, namung nguping ti rumahuhna ti "Seksi Pencari Sponsor", matak era paradah, enya 60 taun mardeka masih keneh jajaluk, ka pangusaha-pangusaha Korea.
Padahal lamun eta waragad keur cucurak teh dibeulikeun kana beas...., meureunnnnnnn
sabaraha puluh, ratus, rewu rahayat Indonesia, moal katalangsara panyakit "busung lapar".
 
Ditinggal tina tamu ondangan sareng masyarakat Indonesia anu sumping kana eta acara kirang langkung aya kana 4 ~ 5 ratusan.
 
Ari acarana direuah-reuah ku Fashion Show ti Obin House anu diperagakeun ku para peragawan/peragawati ti Indonesia sareng Korea, tari-tarianana ti tim penari ti Jakarta, malih aya urang Majalaya sareng urang Cianjurna, pameran foto ti Jay Subiyakto, pameran perhiasan ti Runa Palar, nya kitu deui kakawihanana ti penyanyi Trio Aksidos.
Anu ceuk cenah eta para artis/celebritis ti Indonesia teh celebritis beken oge, duka teh teuing si kuring mah da teu terang, teu dulur-dulur acan.
 
Teu wudu ari sambutan tipara tamu mah, eta wae tiap beres sa-acara, rohangan Grand Ball Room mani asa kaindit, asa runtuh lalangit eta rohangan kusora keprok jeung suit tipanongton.
Si kuring sapara kanca seksi cakah-cikih anu ngan sakali-kalieun ninggal panggung, duka teh teuing asa ku haringhang, duka teuing pedah tos bosen ninggal nu kararitu, duka teuing ras kukaayaan nagara anu keur ditapuk kurupa-rupa masalah jeung dodoja.
 
Beres kariaan, loba tamu anu nyalaman bari ngucapkeun : "Wonderfull", "Great Show", "I am realy enjoy", "Congratulation" jrrd., bari dibarung ku seuri jeung imut.
Duka teh teuing seuri murni atanapi seuri sinis, komo deui lamun pas narima sasalaman ti para diplomat bule, anu tangtos aya salah satilu ti nagara IGGI, sok asa hayang peureum sasalamanana oge, sok sanajan taya anu ngucapkeun, tapi asa karasana teh ngaweweleh ;
"Heueuh duit meunang nginjeun ti nagara aing, ku maneh dipake cucurak wae".....  
 
Duka teh teuing, sakitu bae laporan tina "Indonesia Night" di Grand Ball Room Hyatt Hotel".
 
Pihatur
ssw
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
   

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke