----- Original Message ----- From: "hono hendriono" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Friday, August 19, 2005 7:23 PM Subject: Re: [Baraya_Sunda] Re: Pamimpin anu Didagoan-
> Punten deui... > Upami naliktik kana sajarah, saurna kapungkur aya > Nagara Pasundan salah sahiji nagara boneka Walanda, > eta teh saleresna kumaha? Sareng saha jalmina nu > wawantunan ngadegkeun Nagara eta teh? > hatur nuhun ... > Nagara Pasundan, bagian tina RIS lamun lepat mah (RIS = Republik Indonesia Serikat). Nu ngadirikeun Nagara Pasundan mantan Bupati Garut . Kartalegawa, tempatna di Bogor (lamun teu lepat). Kedah oge terang salian ti Nagara Pasundan, aya oge Nagara Jawa Timur, Nagara Bali jeung sajaba ti eta. Ngan anehna teh nu digede-gedekeun sabage nagara boneka walanda ukur "Nagara Pasundan" wungkul. Padahal jaman harita teh loba nu ngadegkeun Nagara bagian, komo di luar jawa mah. Nu henteu ngiluan teh nyieun nagara bagaian teh salah sahijina daerah Aceh da ngadukukung pisan NKRI. Tapi lucuna ayeuna Aceh malah hayang merdeka sorangan .....hehehe tepi ka pamerntah kapaksa mere otonomi khusus (pisan!) nu ngaharib-harib kana nagara bagian. Perkawis Kartalegawa nu kabaca ku kuring mah anjeunna teh katurunan Panghulu Mohamad Musa, salah sahiji ulama jeung budayawan Sunda. Moh. Musa ageung jasana dina basa Sunda, sabab anjeunna nu janten "pelopor" ngagunakeun deui Basa Sunda dikalangan menak sunda di Jaman Harita nu leuiwih resep nganggo basa Jawa (tingali geura buku urang Jepang, nu naliti soal Basa Sunda). Ceuk dina buku eta, salah saurang penganjur " back to Sundanese" teh urang Walanda, sobatna Moh. Musa, namina teh K. Hoele, salah saurang pejabat kolonial walanda di Garut. Ku nyobat-nyobatna Moh. Musa jeung urang walanda, tepi ka pamarentah kolonial jaman harita ngajamin katurunana Moh. Musa nu bakal janten pangawasa (bupati) di Garut ( Sumber: Majalah Gema Jabar, nomerna hilap deui!). Waktos Kartalegawa ngumumkeun ayana nagara Pasundan, henteu sadayana menak Sunda pro ka Kartalegawa. Dipimpin ku R.A Wiranataksumah ( bupati/menak Bandung) para menak Sunda nolak proklamasi Nagara Pasundan. Malah Ibuna Kartalagawa nyalira oge nolak, nyuhungkeun putrana ngabatalkeun proklamsi ieu. Ari keur kuring mah, kuring moal rek nyalahkeun Kartalegawa jeung moal nyebutkeun "nagara Pasundan" teh boneka walanda. Sabab ayeuna mah loba nu ngaku yen bentuk nagara federal keur Indonesia teh leuwih alus. Wacana soal nagara federal kungsi nguat waktu mimiti reformasi (1998), malah Amien Rais oge nyebutkeun yen henteu nolak ide bentuk nagara federal keur Indonesia. Nu katingali ku sim kuring, kaum intelektual Indonesia jigana teh rada nyaratujuan kana ide federalisme ieu teh. Ceuk beja mah, sabenerna mah Bung Hatta oge leuwih condong kana bentuk federal waktu babadamian soal kontitusi nagara urang di taun 1945. Ngan memang, wacana ieu teh, keur sabagian gede urang Indonesia (komo keur nu di Pulo Jawa/Jakarta mah) mah salah sahiji ide "absurd" nu kudu diberantas ...... Kuring kungsi maca dina koran PR, artikelna Prof Dr. Bambang Hidayat ( Professor Astronomi ITB nu resep sajarah), soal kumaha Van Mook (gubernur Hindia Belanda waktu jaman revolusi) sabenerna satuju indonesia merdeka dina bentuk federal, manehna terang Indonesia teh prural pisan, mustahil (ceuk manehna) bisa dihijikeun dina nagara kasatuan. Nu matak Van Mook nyieun nagara-nagara bagian. Tapi ide Van Mook nyatujuan Indonesia Merdeka teh, teu dipikaresep ku kaum militer walanda, nu hayang maen serebu wae. Van Mook eleh sora, militer walanda akhirna nyerebu Yogyakarta, nu harita jadi ibukota RI. Tah kitu Kang, tapi punten ieu tulisan kuring ngan saukur ngacapruks sakainget, duka leres henteuna mah. Maklum sanes ahli sajarah ....hehehehe, kuring mah tukang neangan cai jeung barang sejenna dijero taneuh .......hehehehehe Baktos, WALUYA ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> <font face=arial size=-1><a href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12h664k4r/M=323294.6903899.7846637.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1124517454/A=2896129/R=0/SIG=11llkm9tk/*http://www.donorschoose.org/index.php?lc=yahooemail">DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today</a>!</font> --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

