Satuju pisan. Usul kumaha lamun ekonom-ekonom sareng pengusaha anu urang sunda diajak gabung.

netymartin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
sapuklah kang.....
mugia wae ing taiasa kalaksanakeun.....tur kenging hasilna.


nety
--- In [EMAIL PROTECTED], "Mr. Runa Inawan"
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Assalamualaikum Wr. Wb.
>
> Kumaha damang baraya sadayana anu disuklakna
> disiklukna, di kulon, wetan, kaler jeung kidul, anu
> dipojok kitu deui anu nuju mojok??? heu…heu….
>
> Ieu teh seja bade ngabewarakeun tur ngalaporkeun hasil
> kempelan di Jakarta dinten kemis bada magrib ping 18
> Agustus 2005 di rorompokna Kang Maman Gantra anu
> agendana teh ngabahas perkawis KUSnet usaha/bisnis.
> Anu tiasa ngahdiran dina eta kempelan teh nyaeta Kang
> Maman Gantra, Kang Agus Pakusarakan, Kang Irfan
> Rispandi, Kang Nanang Ndoell, Simkuring nyalira (Runa
> tea).
>
> Kempelan diayakuen teh dina raraga neraskeun hasil
> gunem catur di Subang ping 14 Agustus 2005 anu salah
> saijina ngabahas perkawis KUSnet ngadegkeun
> usaha/bisnis. Aya sababaraha tujuan kunaon KUSnet
> ngadegkeun usaha, nyaeta anu utamina mah  dina raraga
> hoyong sasarengan sami2 ningkatkeun tingkat ekonomi
> urang sunda, kanggo ngabiayaan kagiatan2 / program2
> ka-KUSnet-an, eta dua tujuan intina mah.
>
> Teras naon wae cenah modal anu dipibanda ku KUSnet teh
> anu tiasa dijadikeun modal dasar dina ngawangun
> bisnis, nyaeta :
> 1. Potensi sumberdaya manusia-na anu beda-beda latar
> belakangna (naon sunda na tah) pendidikanana,
> kahlianana, sareng jaringan (networking) anu tos
> kawangun.
> 2. Potensi sumberdaya alam-na berlimpah (sundana
> naonnya).
> 3. Paniatan anu ngagedur hayang ngawangun KUSnet anu
> langkung produktif dina ngamumule tur ningkatkeun
> harkat, martabat, sareng budaya kasundaan.
>
> Aya sababaraha alternatif bidang usaha anu
> direncanakuen teh nyaeta :
> 1. Bisnis pulsa
> 2. Suku cadang motor/kendaraan
> 3. Teknologi informasi (Radio internet, bisnis on
> line, warnet, consultan IT, jrd)
> 4. Informasi
> 5. Wisata anu dikolaborasikeun sareng
> pendidikan+bisnis
> 6. Home industri
> 7. Agribisnis
>
> Aya sababaraha alternatif bentuk badan hukum usahana,
> nyaeta :
> 1. Ngangge badan hukum usaha anu tos aya. Badan usaha
> anu tos siap teh nyaeta CV. Motekar, PT. Reksa
> Gumilang Kencana, atanapi Yayasan Perceka.
> 2. Ngadamel badan hukum usaha anu enggal (Mangga
> kabaraya sadayana anu ngagaduhan ide).
>
> Tah ieu baraya sadayana urang sunda di mana wae ayana.
> Kanggo palawargi sadayana boh bilih diantawis bara aya
> anu ngagaduhan :
> 1. Ide Konsep bisnis/usaha anu tos janten dina bentuk
> proposal bisnis tiasa dialungkeun tur ditangkodkeun ka
> email simkuring di [EMAIL PROTECTED]
> 2. Bilih diantawis baraya urang sunda sadayana anu
> hoyong ngiringan dina usaha KUSnet anu bentuk
> partisipasina dina hal nanamkeun modal / investasi,
> mangga diantos pisan. Kanggo perkawis ieu sumangga
> baraya tiasa ngahubungi ka tim divisi usaha KUSnet anu
> salajengna disebat ”Dewan Ekonomi Sunda”.
>
> Pikeun ngametakeun potensi SDM KUSnet Dewan Ekonomi
> Sunda bade masihan Kuesioner anu kedah dieusian ku
> baraya sadayana. Format Kuesionerna sapertos kieu :
> Nami                  :
> Yuswa                  :
> Padamelan/Jabatan      :
> Alamat rorompok            :
> Alamat kantor            :
> No. Tlp. Kantor/rorompok :
> HP                  :
> Email                  :
> ID Yahoo Messenger      :
> Background Pendidikan (naon tah basa sunda) :
> Kaahlian khusus/keterampilan :
> Bahasa asing anu tiasa      :
> Home Page / Blog      :
>
> Kuesioner ieu mangga dieusian teras alungkeun wae  ka
> serelek simkuring di [EMAIL PROTECTED]
> Teras ka kuncen nyuhunkeun bantosanana, kumaha upami
> kuesioner ieu tiasa di serat dina ”footer” millis
> ieu. Kana bantosanan hatur nuhun pisan.
>
> Ari anu disebat ”Dewan Ekonomi Sunda” jamlina teh
> nyaeta :
> 1. Kang Irfan Rispandi ([EMAIL PROTECTED])
> 2. Kang Maman Gantra ([EMAIL PROTECTED])
> 3. Kang Agus Pakusarakan ([EMAIL PROTECTED])
> 4. Kang Tantan Hermansah ([EMAIL PROTECTED])
> 5. Kang Boim ([EMAIL PROTECTED])
> 6. Neng Ivawanti ([EMAIL PROTECTED])
> 7. Teh Neni Bandung
> 8. Kang Oman ([EMAIL PROTECTED])
> 9. Kang Nanang ([EMAIL PROTECTED])
> 10. Simkuring Runa Inawan ([EMAIL PROTECTED])
>
> Kanggo ngabahas KUSnet Usaha salajengna bade diayakeun
> deui kempelan nyaeta :
> Dinten/Kaping : Sabtu, 27 Agustus 2005
> Tabuh      : 10.00 WIBK (Waktos Indonesia Beulah Kulon)
> Tempatna : Bogor (Kanggo samentawis di Hanjuang Bodas)
> Agendana bahasanana :
> 1. Ngabahas sistem manajemen usahana kaitanana sareng
> KUSnet.
> 2. Kumaha ngokolakeun ramatloka (web site)
> www.urang-sunda.or.id supados langkung produktif,
> karawat, tur munel sareng tiasa janten salah saiji web
> site anu tiasa janten referensi dina budaya kasundaan.
>
> 3. Ngonsep KUSnet Siaran di Radio-radio.
> Sumangga kanggo anu aya perhatosan kana
> KUSnet/Kasundaan diantos kasumpinganana.
>
> Dina sajeroning padungdengan aya sababaraha catetan
> anu intinamah kumaha KUSnet kapayuna, kumaha KUSnet
> kedah lumaku. Diantawisna ditingali tina struktur
> ka-organisasian KUSnet nya eta kieu :
> 1. Pembina/Penasehat
> 2. Ketua Umum
> 3. Sekretaris Jenderal
> 4. Bendahara
> 5. Dewan KUSnet :
> a. Dewan Ekonomi Sunda
> b. Dewan Komunikasi Sareng Informasi Sunda (Teknologi
> Informasi sareng Media Massa)
> c. Dewan Budaya Sareng Adat Sunda
> d. Dewan Hukum Sareng Advokasi Sunda
> e. Dewan Sosial Kemasyarakatan Sunda
> Intinamah kumaha supados KUSnet teh langkung
> terorganisir sareng mantep dina raraga ngamajengkeun
> kasundaan.
>
> NB :
> Sareng panginten urang ayeuna mah KUSnet tos waktosna
> kanggo ngagaduhan VISI sareng MISIna organisasina,
> sanaos cenah KUSnet mah organisasi teu aya bentukna.
> Tah kumargi kitu hayu KUSnet teh ayeuna mah dibentuk
> langkung serius supados aya bentukna. Saur kang MH mah
> cenah kieu "Hayu bentuk Pasukan darat KUSnet".
>
> Punten pisan ieu mah sanes nitah tp miwarang ieu
> mah,he...he...kanggo KUNCEN nyuhunkeun bantosanana
> kanggo mostingkeun ieu seratan ka sadayana anggota
> millis [EMAIL PROTECTED]
>
> Sakitu anu kapihatur, kirang langkungna nyuhukeun
> dhapunten , bilih aya anu kirang mangga kanu hadir di
> rorompokna kang maman gantra kanggo nambihan.
>
> "HAYU URANG SASARENGAN DINA NGAWANGUN URANG SUNDA
> (EKONOMINA, POLITIKNA, PENDIDIKANANA, BUDAYANA,
> SOSIALNA, JRD)
>
> Wassalamualikum Wr. Wb.
> Baktos ti Pribados,
> Runa Inawan - KUSnet
>
> __________________________________________________
> Apakah Anda Yahoo!?
> Lelah menerima spam?  Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik
terhadap spam 
> http://id.mail.yahoo.com



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke