Hatur nuhun kasadayana anu atos ngarespon ieu pamaksadan.
Kanggo kang gunawan yusuf, hatur nuhun, perkawis ieu insya Alloh abdi saparakanca engke sonten bade dicobi dikoordinasikeun  deui perkawis waktosna, upami aya perobihan waktos insya Alloh sonten ieu keneh dibewarakeun deui.
Panginten upami teu saptuna panginten dinten ahadna. Antosan deui we bewarana.
Tah ti ngawitan ayeuna sumangga anu abde sumping, supados ngadamel kumaha konsep2na. Upami kersa mah diketik, sangkan langkung sea hasilna.
 
Anu tos sipa ngiringan :
1. Kang eko
2. Kang Dudi H.
3. Abdi runa tea
 
Sumangga anu sanesna diantos respona.
 
Hatur nuhun,
baktos,
Runa Inawan

Gunawan Yusuf <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Kang kumaha upami waktosna ulah tabuh 10.00 enjing , saparantos tabuh 16.00
bae, margina dinten saptu abdi lebet damel

Hatur Nuhun
----- Original Message -----
From: "Eko Ruska Nugraha" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>; <[EMAIL PROTECTED]>;
<[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Monday, August 22, 2005 1:05 PM
Subject: [kisunda] Re: [Urang Sunda] "Bewara Ti Dewan Ekonomi Sunda
(KUSnet)"


> Wilujeng siang baraya sadayana, bieu teh katitipan saur ti pantia
> pasamoan KUSnet (Komunitas Urang Sunda di Internet) dibogor
> Kang Runa saparankanca, punten cenah pang ngadatakeun kinten-kinten
> aya sabaraha urang anu bade sumping kana ieu acara :
> Dinten/Kaping : Sabtu, 27 Agustus 2005
> Tabuh : 10.00 WIBK (Waktos Indonesia Beulah Kulon)
> Tempatna : Bogor (Kanggo samentawis di Hanjuang Bodas-Caket Balai Kota
Bogor)
>
> Mangga ngacung kanu bade sumping.
> 1. Runa Inawan-Bogor
> 2. Eko Ruska Nugraha-Bogor
> 3.......
> 4.......
>
> Kanggo agenda aya dihandap.
>
> Hatur nuhun
> @ERN
>

> >
> > Tah ieu baraya sadayana urang sunda di mana wae ayana.
> > Kanggo palawargi sadayana boh bilih diantawis bara aya
> > anu ngagaduhan :
> > 1. Ide Konsep bisnis/usaha anu tos janten dina bentuk
> > proposal bisnis tiasa dialungkeun tur ditangkodkeun ka
> > email simkuring di [EMAIL PROTECTED]
> > 2. Bilih diantawis baraya urang sunda sadayana anu
> > hoyong ngiringan dina usaha KUSnet anu bentuk
> > partisipasina dina hal nanamkeun modal / investasi,
> > mangga diantos pisan. Kanggo perkawis ieu sumangga
> > baraya tiasa ngahubungi ka tim divisi usaha KUSnet anu
> > salajengna disebat "Dewan Ekonomi Sunda".
> >
> > Pikeun ngametakeun potensi SDM KUSnet Dewan Ekonomi
> > Sunda bade masihan Kuesioner anu kedah dieusian ku
> > baraya sadayana. Format Kuesionerna sapertos kieu :
> > Nami :
> > Yuswa :
> > Padamelan/Jabatan :
> > Alamat rorompok :
> > Alamat kantor :
> > No. Tlp. Kantor/rorompok :
> > HP :
> > Email :
> > ID Yahoo Messenger :
> > Background Pendidikan (naon tah basa sunda) :
> > Kaahlian khusus/keterampilan :
> > Bahasa asing anu tiasa :
> > Home Page / Blog :
> >
> > Kuesioner ieu mangga dieusian teras alungkeun wae ka
> > serelek simkuring di [EMAIL PROTECTED]
> > Teras ka kuncen nyuhunkeun bantosanana, kumaha upami
> > kuesioner ieu tiasa di serat dina "footer" millis
> > ieu. Kana bantosanan hatur nuhun pisan.
> >
> > Ari anu disebat "Dewan Ekonomi Sunda" jamlina teh
> > nyaeta :
> > 1. Kang Irfan Rispandi ([EMAIL PROTECTED])
> > 2. Kang Maman Gantra ([EMAIL PROTECTED])
> > 3. Kang Agus Pakusarakan ([EMAIL PROTECTED])
> > 4. Kang Tantan Hermansah ([EMAIL PROTECTED])
> > 5. Kang Boim ([EMAIL PROTECTED])
> > 6. Neng Ivawanti ([EMAIL PROTECTED])
> > 7. Teh Neni Bandung
> > 8. Kang Oman ([EMAIL PROTECTED])
> > 9. Kang Nanang ([EMAIL PROTECTED])
> > 10. Simkuring Runa Inawan ([EMAIL PROTECTED])
> >
> > Kanggo ngabahas KUSnet Usaha salajengna bade diayakeun
> > deui kempelan nyaeta :
> > Dinten/Kaping : Sabtu, 27 Agustus 2005
> > Tabuh : 10.00 WIBK (Waktos Indonesia Beulah Kulon)
> > Tempatna : Bogor (Kanggo samentawis di Hanjuang Bodas)
> > Agendana bahasanana :
> > 1. Ngabahas sistem manajemen usahana kaitanana sareng
> > KUSnet.
> > 2. Kumaha ngokolakeun ramatloka (web site)
> > www.urang-sunda.or.id supados langkung produktif,
> > karawat, tur munel sareng tiasa janten salah saiji web
> > site anu tiasa janten referensi dina budaya kasundaan.
> >
> > 3. Ngonsep KUSnet Siaran di Radio-radio.
> > Sumangga kanggo anu aya perhatosan kana
> > KUSnet/Kasundaan diantos kasumpinganana.
> >
> > Dina sajeroning padungdengan aya sababaraha catetan
> > anu intinamah kumaha KUSnet kapayuna, kumaha KUSnet
> > kedah lumaku. Diantawisna ditingali tina struktur
> > ka-organisasian KUSnet nya eta kieu :
> > 1. Pembina/Penasehat
> > 2. Ketua Umum
> > 3. Sekretaris Jenderal
> > 4. Bendahara
> > 5. Dewan KUSnet :
> > a. Dewan Ekonomi Sunda
> > b. Dewan Komunikasi Sareng Informasi Sunda (Teknologi
> > Informasi sareng Media Massa)
> > c. Dewan Budaya Sareng Adat Sunda
> > d. Dewan Hukum Sareng Advokasi Sunda
> > e. Dewan Sosial Kemasyarakatan Sunda
> > Intinamah kumaha supados KUSnet teh langkung
> > terorganisir sareng mantep dina raraga ngamajengkeun
> > kasundaan.
> >
> > NB :
> > Sareng panginten urang ayeuna mah KUSnet tos waktosna
> > kanggo ngagaduhan VISI sareng MISIna organisasina,
> > sanaos cenah KUSnet mah organisasi teu aya bentukna.
> > Tah kumargi kitu hayu KUSnet teh ayeuna mah dibentuk
> > langkung serius supados aya bentukna. Saur kang MH mah
> > cenah kieu "Hayu bentuk Pasukan darat KUSnet".
> >
> > Punten pisan ieu mah sanes nitah tp miwarang ieu
> > mah,he...he...kanggo KUNCEN nyuhunkeun bantosanana
> > kanggo mostingkeun ieu seratan ka sadayana anggota
> > millis [EMAIL PROTECTED]
> >
> > Sakitu anu kapihatur, kirang langkungna nyuhukeun
> > dhapunten , bilih aya anu kirang mangga kanu hadir di
> > rorompokna kang maman gantra kanggo nambihan.
> >
> > "HAYU URANG SASARENGAN DINA NGAWANGUN URANG SUNDA
> > (EKONOMINA, POLITIKNA, PENDIDIKANANA, BUDAYANA,
> > SOSIALNA, JRD)
> >
> > Wassalamualikum Wr. Wb.
> > Baktos ti Pribados,
> > Runa Inawan - KUSnet
>


Apakah Anda Yahoo!?
Sekarang dengan penyimpanan 1GB
http://id.mail.yahoo.com/


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke