Wilujeng kagungan alo anyar. Sibuk nya Teh Mpup, tos lami teu posting. Abdi mah alo teh tos teu kaetang, seueur, malah tos masihan incu, alo teh. Da KB tea (Keluarga Besar).
Teu acan wae abdi mah bade ameng ka bumi Ua Sas teh. Ua Sas ayeuna mah saurna sibuk di Kios Buku nya.
Salam,
ika
Mpup <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mpup <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ti dinten Senen dagang kost-an nyebarkeun brosur kost di kampus Unpad
Dipati Ukur, ka mahasiswa baru (husus wanoja).. Ari bada lohor keur
megat beus ka Jatinangorkeun, ditlp ku teteh (lanceuk nu ka-1), cnah
kudu buru-buru ka RS Al Islam lante 2, da rek ngalahirkeun, daripada
wangsul ka Jatinangor nu cenah macet, sabab jalanna ditutup (keur aya
Pa SBY di STPDN).. Nya ti Dipati Ukur teh naek angkot Riung Bandung-
Dago ka RSAI-keun.. (mun tiap ka RSAI teh sok emut ka punbapa nu
ngantunkeun didinya, sareng sok emut oge ka Pa dr. Dadang Rukanta),
ngadedekluk we di Ruang Transfer, ngantosan si Teteh nu keur diinduksi,
da teu aya karaos mules, tapi kedah dinten eta ngalahirkeun.. Dugi ka
jam 10 wengi di RS teh, wangsul wae ka bumi.. dugsek, da cape meureun..
Jam 4 lilir, ngasms ka Teteh, naha geus lahir atawa acan, cnah mah tos
lahir tabuh 23.20, budak awewe, 2,85 kg, 50cm.. Wah boga deui alo
euy!..
Enjingna tos tiasa mulih ka bumi, sabada diparios heula ku dr. Nya
mulih ka bumi, budakna oge indung budak..
Asa cape puguh, sadidinten dagang kost-an, nu alhamdulillah dinten ieu
mung sakamar deui nu nyesa..
Nembe tiasa ngarenghap, sareng tiasa onlen deui..
Tos ah, panjang teuing
~ipup~
Start your day with Yahoo! - make it your home page
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture | Corporate culture | Hawaiian culture |
| Hispanic culture | Jewish culture | Organizational culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

