Hatur nuhun kana perhatosanana Ua,
1. Upami teu lepat mah CV. Motekar teh kagungan Kang Nanang (ndoell), PT. Reksa Gumilang Kencana anu kang Maman Gantra.
2. Ieu sadayana nuju digodok sareng bade disawalakeun kumaha saena.
3. Hatur nuhun Ua kana ide namina, insya Alloh didugikeun. Panginteh kieu nya Ua, PT. KUSnet Indonesia, heu..heu.....
 
Hatur nuhun pisan Ua, upami bade ngiring investasi mah, diantos pisan.
Sareng upami Ua, ngagaduhan konsep2 mangga dinatos pisan.
 
Baktos,
Runa Inawan
Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Sae pisan... upami tiasa ngajadi..... (kedah jadi....!!!)
Bade tumaros :
1. Dupi CV. Motekar sareng PT. Reksa Gumilang Kencana teh kagungan saha.??
2. Naha henteu langkung sae upami didamel heula pameungkeut kulawargi KUSNET ??.
    tidinya didamel Badan Usaha, naha mang rupi CV atanapi PT.,
    namung asa langkung ageung ambahanana upami mangrupi PT.
3. Mung upami ngadamel Badan Usaha enggal naha henteu langkung sae upami namina ;
    PT. KUSNET ...???
Upami teu lepat sateu acan ngadegkeun PT kedah aya modal dasar (sabaraha-barahana mah sim abdi teu patos apal..), kanggo modal tambihan tiasa ku ngicalan serat saham/andil.
 
Sakitu bae heula, nuju rariweuh...
 
Pihatur,
ssw


Aya sababaraha alternatif bidang usaha anu
direncanakuen teh nyaeta :
1. Bisnis pulsa
2. Suku cadang motor/kendaraan
3. Teknologi informasi (Radio internet, bisnis on
line, warnet, consultan IT, jrd)
4. Informasi
5. Wisata anu dikolaborasikeun sareng
pendidikan+bisnis
6. Home industri
7. Agribisnis
Aya sababaraha alternatif bentuk badan hukum usahana,
nyaeta :
1. Ngangge badan hukum usaha anu tos aya. Badan usaha
anu tos siap teh nyaeta CV. Motekar, PT. Reksa
Gumilang Kencana, atanapi Yayasan Perceka.
2. Ngadamel badan hukum usaha anu enggal (Mangga
kabaraya sadayana anu ngagaduhan ide).
Tah ieu baraya sadayana urang sunda di mana wae ayana.
Kanggo palawargi sadayana boh bilih diantawis bara aya
anu ngagaduhan :
1. Ide Konsep bisnis/usaha anu tos janten dina bentuk
proposal bisnis tiasa dialungkeun tur ditangkodkeun ka
email simkuring di [EMAIL PROTECTED]
2. Bilih diantawis baraya urang sunda sadayana anu
hoyong ngiringan dina usaha KUSnet anu bentuk
partisipasina dina hal nanamkeun modal / investasi,
mangga diantos pisan. Kanggo perkawis ieu sumangga
baraya tiasa ngahubungi ka tim divisi usaha KUSnet anu
salajengna disebat ”Dewan Ekonomi Sunda”.

Kanggo ngabahas KUSnet Usaha salajengna bade diayakeun
deui kempelan nyaeta :
Dinten/Kaping : Sabtu, 27 Agustus 2005
Tabuh      : 10.00 WIBK (Waktos Indonesia Beulah Kulon)
Tempatna : Bogor (Kanggo samentawis di Hanjuang Bodas)
Agendana bahasanana :
1. Ngabahas sistem manajemen usahana kaitanana sareng
KUSnet.
2. Kumaha ngokolakeun ramatloka (web site)
www.urang-sunda.or.id supados langkung produktif,
karawat, tur munel sareng tiasa janten salah saiji web
site anu tiasa janten referensi dina budaya kasundaan.

3. Ngonsep KUSnet Siaran di Radio-radio.
Sumangga kanggo anu aya perhatosan kana
KUSnet/Kasundaan diantos kasumpinganana.

__________________________________________________
Apakah Anda Yahoo!?
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam
http://id.mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke