Sanaos sanes ahli filosofi, bade ngiring urun carios sakedik, teu
nanaon sanes Bah hehe ...

Ari hartos filkosofis saenyana mah duka teh teuing. Mung panginten
patarosan Bah Willy teh peryogi waleran nu jero pisan. Salah sawios
diantawisna tina perspektip sajarah mucunghulna duit, sareng sajarah
sistem internasional duit.

Panginten sadaya terang sajarah dagang, ti kawitan barter, duit
emas/perak, nepi ka duit kartal. Beheula alias kapungkur duit teh
ngandung hartos "nu nyekel kertas ieu, bisa nukeurkeun ieu kertas
jeung emas sanilai nu aya di kertas ieu". Kadieukeun, hubungan duit
jeung emas ieu diganti ku hubungan "kayakinan" ka jelema/pihak nu
ngaluarkeun duit (alias "kamangkara").

Jadi we, dina duit aya slogan2 nu nyilokakeun kayakinan ieu nu
tangtuna saluyu jeung nilai2 masarakatana, contona dina British Pound
mah kalimahna teh "I promise to pay the bearer on demand the sum
of...", meureun ku lantaran di Inggris mah nagara sekuler tea. Di
nagara relijius samacam di AMerika ieu digambarkeun ku "In God We
Trust". Duka tah panginten tiasa diartikeun Percaya ka Pangeran
mangkara nu ngaluarkeun duit ieu (nyaeta nagara AMRIK) " sulaya kana
jangjina" atawa "bangkrut gagancangan". 

Dupi hartos konotatif tina slogan ieu contona dikuat-kaitkeun kana
pamalsuan duit jeung sajabana mah eta mah duka, panginten perspektipna
langkung subjektif kumaha jalmina, da sakaterang abdi di amrik/inggris
oge pamalsuan duit mah tetep aya mung alit panginten. 

Sakitu pamendak, punten upami seueur lepatna
Baktos
Yudi
Seratan ieu seueur nyandak ide ti artikel ieu:
http://www.geocities.com/hypermedia_joyce/critchley_mccarthy.html

--- In [email protected], Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Ngan dina tulisan dina duit, beda pisan, komo dina duit rupiah edisi
heubeul mah. Duit Dollar mah aya tulisan "In God We Trust", ari dina
duit rupiah heubeul mah, kalahka kieu " Barang siapa yang memalsukan
uang ini, akan ........jst". Eta meureun di urang mah sok loba keneh
nu resep malsu duit, nepi ka kudu aya "warning" kitu dina duitna.
> 
> Tapi bieu kuring ningalian artos urang (50,000), geuning tulisanna
teh ayeuna mah jadi ganti : "Dengan Rahmat Tuhan Yang Maha Esa, Bank
Indonesia mengeluarkan uang sebagai alat pembayaran yang sah dengan
nilai .....". Kinten-kintenna kumaha tah filosofina antara " In God We
Trust" sareng "Dengan Rahmat Tuhan yang Maha Esa ......", aya sami
filosofi atanapi henteu? cik ah ka baraya nu apal bahasa Inggris jeung
filsafat, kumaha tah?
> 
> Baktos,
> WALUYA




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
<font face=arial size=-1><a 
href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hbcf3eq/M=362343.6886681.7839642.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1124712010/A=2894350/R=0/SIG=10tj5mr8v/*http://www.globalgiving.com";>Make
 a difference. Find and fund world-changing projects at GlobalGiving</a>.</font>
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke