sae pisan tah bahan leunyepanan nen,, tugas nu kalitintang abotna yeun urang keudah tiasa nampi kritik atawa saran tah ayeuna urang bari guar kasundaan.. kumaha cara ngirtik urang sunda jeng kumaha cara nampik kiritik urang sunda ulah di kiritik saeutik langsung belik alias panyawat keokan jeng panyawat gampil nyesel ka sasama urama urang sunda geus kudu di antep teunden dina jero taneuh pangjero jero na ayeuna dina sagala bidang hayu urang paheyeuk2 lengen pasisi tampian babarengan ngawanun nagri sunda kudu diniatan jeng di tujuan iyeu sagala keur sunda lain keur pirbadi lain keur pt atawa kelompok
salam baktos prajurit nagri sunda On 8/22/05, Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Wilujeng ka dulur-dulur garaduh niat saé, hoyong aya aktifitas dina widang > ékonomi. Sok sanaos kitu, aya sababaraha anu kedah janten bahan > pertimbangan: > > Antawis aktifitas sosial sapertos kusnet sareng aktifitas ékonomi > mangrupikeun dua hal anu bénten. Malihan aya pangémut yén nanjeurna kusnet > téh jalaran mangrupi jaringan alias sanés organisasi anu sipatna formal. > Dina waktos organisasi janten formal, para nggota sareng pangurus kaiiket ku > hak sareng kawajiban. Pangalaman nunjukkeun, yén hiji organisasi anu > satadina informal (mangrupikeun jaringan téa) dina waktosna diformalkeun > malihan janten gejed. Naon margina? sakapeung urang sok teu siap > "berorganisasi" dina hartos ngalaksanakeun hak sareng kawajiban > masing-masing, ogé teu siap bénten pamadegan. Contona, upami organisasi > janten formal kapan unggal taun kedah aya rapat anggota kanggé pertanggel > waleran pangurus. Upami pangurus teu ngalaksanakeun tugas, kapan sok > dikritik? Naha urang sadaya parantos siap, nampi kritikan ti nu sanés? Salah > sawios kalemahan urang nyaéta tara tiasa misahkeun antawis pribadi sareng > organisasi. Upami aya pacogrégan di organisasi kapan sok teras neuteuli anu > mawa pangaruh kana hubungan pribadi. Kanyataan sapertos kieu, sanés di US > wungkul, tapi méh janten sipat bangsa Indonesia. Mangga waé tinggali, ampir > sadaya partéy nuju aya dina pacogrégan -- malihan ngadaramel kapangurusan > kembar (PDI, PBB, PKB); upami henteu aya ogé anu murukusunu bari kaluar ti > partéy (contona kelompok Fuad Bawazier ti PAN, atanapi kelompok Fahmi Idris > ti Golkar). Upami pikitueun lebar teuing ku kusnet, anu sok sanaos ayeuna > informal, tapi duduluranana karaos pisan. Malahan seuseueur na mah kapan teu > acan paamprok jonghok patepang raray. > Komo deui anu badé digarap téh kagiatan ékonomi, anu aya sangkut pautna > sareng masalah artos. Artos téa, kapan seueur kacarioskeunana; malihan > diantawis dulur pituin ogé ku artos mah seueur anu paburantak. Kukituna > kedah atos-atos. Upami "organisasi ekonomi" ieu badé dibentuk, saéna ulah > dipatalikeun langsung sacara organisasi sareng kusnet, kalebet anu > ngokolakeunana. Upami badé dipatalikeun ogé, paling-paling ngadamel klausul > dina ugeran dasar sareng ugeran rumah tangga anu unina "organisasi ekonomi > ieu teu mibanda hubungan kaorganisasian sareng kusnet, tapi sabagian tina > kauntunganana (langkung saé deui upami disebatkeun persénna) baris > dihibahkeun ka kusnet. Atuh anu ngurusna, kedah misah tina organisasi > ekonomi téh bilih jeung bisi isuk jaganing géto aya pacogrégan kusnet salaku > "organisasi" teu kacacandak. > Ngawangun kagiatan ékonomi tangtosna ulah janten kagiatan "sampingan"; kedah > dikelola kalawan leres tur profesional. Ninggali anu garaduh alpukah > (pemrakarsa), diantawisna siga (kumargi seueur anu teu acan tepang) anu > parantos karagungan damel. Kukituna, upami anu garaduh alpukah badé ancrub > langsung kedah wantun cul gawé anu dicabak ayeuna, upami henteu ogé cekap ku > nyimpen saham. > Luyu sareng sipatna (kelompok jaringan), dina raraga ngahirupan kusnet, > saleresna aya alternatif sanés, nyaéta ku silih simbeuhan "proyek" luyu > sareng kaahlian masing-masing. Sapertos disebatkeun di luhur, dina kontrak > anu dipidamel diantawis dua anggota kusnet (tiasa ogé "di bawah tangan") > disebatkeun yén sabagian tina kauntungan kedah disumbangkeun keur kusnet > (palebah dieu urang saréréa baris diuji, upami tos nyepengan artos émut > atanapi henteu kana idéalisme organisasi: baca, kasundaan). > > Seratan ieu sané badé meunggaskeun rarancang anu parantos dipadungdengkeun, > tapi saukur ngémutan; kapan saur paribasa ogé kedah "masing asak-asak ngéjo > ..........................". Pribados prinsipna ngadukung, kalawan > merhatoskeun hal-hal anu tos dipedar di luhur. Lamun ieu organisasi ekonomi > téh jalan, urang bakal tiasa meunggaskeun piwuruk sepuh anu nyebatkeun "ulah > nyaba sasampayan -- ulah dagang papatungan". Urang kedah tiasa ngabuktoskeun > yén urang sunda tiasa ogé "berorganisasi" (kompak sareng anu sanés -- nyaba > sasampayan) sareng ngokolakeun ekonomi (dagang papatungan). Breng lah. > > > > > > "Mr. Runa Inawan" <[EMAIL PROTECTED]> a écrit : > > Insya Alloh pasosonten urang conference. > Pamugi tiasa urang ngobrol2. > Y: runa_inawan > > Ato Riyanto <[EMAIL PROTECTED]> menulis: > Hapunten mun lokasi di Bandung dsk mah, optimis tiasa hadir...hapunten. > Usul we ieu mah, kumaha mun Yahoo Conference, anggap we 'pemanasan' we lah > > salam > ato ti gerlong hilir nomer 47 bandung > YM ID: jaluwuyung (bogalakon dina carita 'Puragabaya'). > > ________________________________ > From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On > Behalf Of Dudi Herlianto > Sent: Monday, August 22, 2005 1:41 PM > To: [email protected] > Cc: [email protected]; [EMAIL PROTECTED] > Subject: Re: [kisunda] Re: [Urang Sunda] "Bewara Ti Dewan Ekonomi Sunda > (KUSnet)" > > > Cung.... > > Nu ngacung, bade sumping. > 1. Runa Inawan-Bogor > 2. Eko Ruska Nugraha-Bogor > 3. Dudi- Bogor > > > > -- > Dudi Herlianto > [EMAIL PROTECTED] > [email protected] > http://dudiherlianto.multiply.com/photos/ > > ________________________________ > Apakah Anda Yahoo!? > Sekarang dengan penyimpanan 1GB > http://id.mail.yahoo.com/ > > > > > > ________________________________ > Appel audio GRATUIT partout dans le monde avec le nouveau Yahoo! Messenger > Téléchargez le ici ! ________________________________ > Appel audio GRATUIT partout dans le monde avec le nouveau Yahoo! Messenger > Téléchargez le ici ! > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > > > ________________________________ > YAHOO! GROUPS LINKS > > Visit your group "urangsunda" on the web. > > To unsubscribe from this group, send an email to: > [EMAIL PROTECTED] > > Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. > To unsubscribe from this group, send an email to: > [EMAIL PROTECTED] > > Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. > Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. > ________________________________ > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> <font face=arial size=-1><a href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hr8nit1/M=362343.6886681.7839642.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1124783552/A=2894350/R=0/SIG=10tj5mr8v/*http://www.globalgiving.com">Make a difference. Find and fund world-changing projects at GlobalGiving</a>.</font> --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

