Ari kuring mah posting ieu teh, sanes kunanaon kang Gun. pedah ningali
dina Liputan 6 SCTV, rumaos epes meer, aya wawancara saurang jamaah
akhamdiyah nu diserebu jeung dirusak di Majalengka tea. Eta ningali roman
pameunteuna, antara nu bingung, eleh jeung pasrah. Kabayang ku ku kuring,
kumaha bingungna manehna, tempat manehna shalat jeung ngadoa kanu Kawasa,
tempat manehna nyerahkeun diri kanu Maha Kawasa, diserebu ku batur
salemburna, malah rek diduruk pisan lamun teu dihalangan pulisi mah.
Padahal meureun manehna teh geus lila didinya teh, matak nepi ka ngawangun
masjid sagala. Meureun pantesna teh hatena ngagerentes:" Ari kuring
ngarugikeun saha?"

Punten ah, da nyaeta kuring mah epes-meer .........teu tegaan!

Baktos,
WALUYA


> Ahmadiyah leres tos aya ti kapungkur, salah sawios pusat gerakan nu di
> Bogor
> aya nu di Kebon Jahe, aya nu di Parung, basa keur sakola kuring resep
> aprux-apruxan ka mana mendi diantawisna ka daerah Parung, panyerbuan ka
> markas Ahmadiyah di Parung, lain sakali ayeuna bae, tos mangkali-kali ti
> kapungkurna, ngan bentenna kapungkur mah tiasa ditahan ku tokoh masyarakat
> sareng aparat, tos sababaraha kali aya musyawarah antawis ulama sareng
> ahmadiyah, lir ibarat nahan aliran cai sakali dua kali mah tiasa katahan,
> ngan kumargi tos pinuh pisan cai teh janten amburadul teu katahan deui.
> Upami nyarios hak asasi mah, narkoba oge hak asasi, ngan cobi upami aya
> tatangga caket urang kena narkoba, tangtosna urang oge sieun, ngan
> bentenna
> ari narkoba upami jalmina tos teu aya, pangaruhna oge tos ngirangan
> (ical),
> upami paham (isme) sesah ngicalkeunana, ceuk kuring mah kieu bae, kumaha
> ulama jeung ahmadiyah ngayakeun diskusi di tingkat nasional, tah dina
> hasil
> diskusi eta dibewarakeun ka umum, paham-paham naon bae nu lepat janten teu
> salah sangki deui. Tangtosna oge pihak-pihak nu lepat kedah ngarumasakeun
> diri.
> ----- Original Message -----
> From: "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]>
> To: <[email protected]>
> Sent: Tuesday, August 23, 2005 1:52 PM
> Subject: Re: [kisunda] "Kearifan lokal" urang Sunda geus leungit?
>
>
>> Oh kutan kitu Kang Delun? leres kuring oge henteu ngarti, kunaon ieu teh
>> jadi riweuh kieu, da ti kapungkur ge nu disebut Akhmadyah teh parantos
>> aya. Tapi teu kantos diserebu, masjidna rek diduruk, paling-paling ge
>> aya
>> nu kukuciwesan: "si eta mah Akhmadyah". Tapi cukup ku sakitu, henteu
>> dugi
>> kapapanjangan.
>>
>> Jaman geus robah, panginten Kang Delun!
>>
>> Baktos,
>> WALUYA
>>



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
<font face=arial size=-1><a 
href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12h19rno8/M=323294.6903899.7846637.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1124794278/A=2896125/R=0/SIG=11llkm9tk/*http://www.donorschoose.org/index.php?lc=yahooemail";>Take
 a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for anyone who 
cares about public education</a>!</font>
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke