sami haturan teh ipeut.....
ngadu bako teh  ngawangkong,ngobrol, tapi upami 'ngadu bako' dina
tanda kutip, anu di maksad lelang bako anu di lelang di pasar lelang,
apanan bako na di adu--di adu lelangkeun- sareng bako anu sanes. Eta
mah hartos tambihan, ti urang media.

baktos

--- In [email protected], indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> haturan kang joko..? nepangkeun si ipeut, mani ramenya...sumuhun
ngadu bako..! ngadu bako teh naon tea...?,...
> 
> joko_teguh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Sa kakuping abdi ayeuna tos teu
rame deui. Tempat 'ngadu bako'
> na,--tempat lelang bako--, parantos dilandih janten musieum bako. Nuju
> lebaran kamari kaleresan sholat ied wargi indonesia di dinya,
> dilebetna aya peta indonesia(peta daerah bako di indonesia) dina
> tembok ngajeblag, korsi-korsina-meja na ngindonesia pisan, aya lukisan
> bali, lukisan jawa, panginteun patilasan kajayaan bako urang mangsa ka
> tukang.
> Minggon kamari kaleresan Kapal Dewa Ruci, TNI AL badarat di
> bremerhaven, patepang sareng urang sukabumi, kang yaman,  kang acep ti
> tasik, --Abk kapal-, saurang deui urang cirebon, kaleresan teu aya
> batur urang sunda di dieu, sono ngadu bako dina bahasa sunda, nya der
> bae ngadu bako make bahasa sunda. Karaos ngadu bako teh nikmat na, :).
> 
> kitu bae heula
> 
> joko
> (wayah kieu, panginten nuju ngantosan date line terbit nya?)
> 
> --- In [email protected], jaka ekalaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Alhamdulillah,
> > Tepang deui sareng dulur. Kumaha, masih keneh jadi
> > tempat 'ngadu bako' Indonesia, Bremen teh?
> > 
> > DS
> 
> > > > Salam, 
> > > > Ah, Asep Berlian. Raka, batur jaman taun-taun awal
> > > > 90-an. Anjeunna di ITB, sim kuring di Unpad.
> > > patepung
> > > > teh nya kitu jeung kitu wae. Mun teu di lapangan
> > > > parkir utara Unpad,--ngademo larangan jilbab,
> > > SDSB,
> > > > nya di Liga Film mahasiswa (LFM) ITB, lalajo pelem
> > > > murah. Keur kitu teh bisa nakolan korsi deuih, mun
> > > > pelemna lila diputer. 

> > > >  Meuting biasana di Masjid Salman , kadang di
> > > kampus UNPAD, di GSSTF. Hiji dua aya oge datang ka
> > > 'pondokan'
> > > > kuring, Masjid UNPAD Dipati Ukur, peuting-peuting.
> > > > Biasana mun Asep datang, der we ngobrol parat ka
> > > > subuh. Atawa mun keur aya duit, nya ngurilingan
> > > > Bandung. Leumpang we, tara ieuh make angkot atawa
> > > > motor. 
> > > > Alhamdulillah atuh, ari geus jadi jalma mah kang
> > > Asep.
> > > > Ngiring bingah,lah.
> > > > 
> > > > Darmawan Sepriyossa





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
<font face=arial size=-1><a 
href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12h6p523a/M=320369.6903865.7846595.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1124828461/A=2896110/R=0/SIG=1107idj9u/*http://www.thanksandgiving.com
">Help save the life of a child. Support St. Jude Children¿s Research 
Hospital</a>.</font>
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke