**********************************
Punten, ah!! ngiringah ngacapruxxss !!

Kang Eko, di dieu mah (Persatuan Emirat Arab)... nu samodel kitu mah parantos aya, malihan si KTP teh tiasana dianggo janten visa sagala, salian pikeun mayar listrik, talipun, asuransi, ATM, balanja, kadokter,... naon deui nya? hilap deui, euy!...
Tapi asana mah tacan ngamasyarakat ieu kartu teh, da nembe pisan, enya masih kirang ti sataun ayana.

Mun ceuk sim kuring mah tiasa kitu teh,  infrasturktur tekhnologina kedah parantos pakait. sapertos conto, di dieu. Aya rerencangan parantosna rengse masa kontrakna di pausahaan di dieu, dina waktosna di airport dina anjeunna check-in, anjeuna diwagel ku patugas, cenah teh "Anjeun teu tiasa miang ti ieu nagara", dikitukeun ku patugas teh asa kasigeug ateuh, nya ditalek we eta patugas teh,"kunaon maneh wawanian nyieun kaputusan siga kitu, naon hak maneh?". Bubuhan urang dieu mah mun disentak teh, lainna murungkut, malah nyentak deui,".. deuleu!... ari maneh! tah tempo, ieu print-outna, maneh teh can mayar listri bulan ieu!!" Nya dikitukeun teh Ki balad teh malah ngahuleng! ceuk maneh na carita ka kuring teh, "naha euy, pedah can mayar listrik sabulanneun (da murah listrik sareng cai didieu mah) si uing meni kudu nunda kahayang balik!!"
Tah, sigana mun geusna tiasa kitu mah insya alloh nu jadi lolongkrang nu ngarugelakeun nagara teh tiasa dipapas.

 .... ah duka teh teuing ketah, mun di Indo mah, duka iraha tiasana?

ngacapruxx sajahhh,


-pun adi-
***********************************

On 8/24/05, Eko Ruska Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
-------------------xxx

Tah sikartu ieu mutifungsi bisa dipake transaksi naon bae rek dipake
balanja bisa, rek dipake nyandak artos di ATM pokokna mah bisa dipake
transaksi naon bae boh aya urusan jeung swasta / pamarentah.
Bisa oge dipake lamun rek nyoblos pemilu jadi lamun rek nyoblos
tinggal gesekeun si kartu eta terus asup kana menu pemilu terus kaluar
pilihanana tingga pilih mana nu rek dipilih.

Sababaraha waktu katukang maca dikoran tempo lamun teu salah
pamarentah DKI jeung swasta  rek nyeiun sistem samodel kieucenah wah
lamun enya jadi teh hebat euy.

Punten kang WAG ieu mah kuring we ngimpi tapi saha nu terang putrana
katarik ku ieu topik he he.....
Eh duka ari diluar nagreg tos aya kitu nu samodel kieu ?


salam
@ERN

-----xxx

--
***********************
Bilih kagungan waktos, hayu urang ngeureuyeuh Poesaka Soenda tea.
Ramatlokana di dieu http://groups.yahoo.com/group/POESAKA_SOENDA/
Sejana ilubiung kintun bae ka [EMAIL PROTECTED]
************************

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke