Carita jaman Rosulullah ngeunaan pamajikan anu solehah. Kurang leuwih 
kieu caritana. Oleh-oleh nongton acara DAI di TPI poe minggu kamari.

Hiji poe Siti Fatimah Azzahra ngadatangan imah Mutiah. Azzahara 
dipiwarang ku ramana 'guguru' ka mutiah kumaha carana jadi awewe solehah.

Sanggeus anjog ka imah Mutiah, Azzahra naros, "Ceu. Kuring disuruh ku 
pun rama suruh nanyakeun kumaha carana sangkan jadi awewe solehah."

Mutiah keder ditanya kituteh. Sabab manehna teu ngarasa geus jadi awewe 
solehah. Bari ngahuleng manehna ngajawab. "Naon, nya. Da asateh 
kuringmah teu boga amal-amalan nu istimewa."

Narima jawaban kitu Azzahra oge bingung. Teu lila matana ningali ka 
barang-barang nu aya di ruang tamu Mutiah. Didinya aya anduk, hihid, 
jeung rotan. "Ari barang-barang itu jang naon ceu?" Ceuk Azzahra bari 
nungjuk ka anduk, rotan, jeung hihid.

"Oh. Eta. Anduk dipake jang ngelap kesang salaki mun karek balik 
sanggeus sapopoe digawe. Hihid dipake jang ngageberan salaki ngarah teu 
hareudang. Geus kitumah salaki teh sina istirahat atawa sare. Salaki 
keur sare kuring masak jang dahar salaki. Beres masak dangdan 
sageulis-geulisna ngarah salaki hudang sareteh bakal mendakan pamajikana 
nu geulis jeung masakan kuring nu enak."

"Oh. Ari itu rotan jang naon?"

"Oh. Eta. Etateh jang ngahukum kuring mun kuring ngalakukeun kasalahan."

"Pernah kitu maneh digebug ku salaki maneh make rotan."

"Can pernah. Nu aya mah salakiteh malah nangkeup simkuring."



Julaeha, Siti wrote:

>Amin. muhun nya Kang Im, hebat lah si istri teh, EQ na tinggi/luhur.
>
>Tuh nya, padahal mah kirang naon deui eta istri teh...
>
>
>Titi
>
>-----Original Message-----
>From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]
>Behalf Of kang boim
>Sent: Wednesday, August 24, 2005 2:33 PM
>To: [email protected]
>Subject: Re: [Urang Sunda] Pangalaman istri
>
>  
>


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
<font face=arial size=-1><a 
href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hjvqtih/M=362329.6886307.7839373.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1124884462/A=2894324/R=0/SIG=11hia266k/*http://www.youthnoise.com/page.php?page_id=1998";>1.2
 million kids a year are victims of human trafficking. Stop slavery</a>.</font>
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke