Nya kitu atuh, ari ceuk pikiran mah da nu bener teh hate urang sunda
Tapi mun nempo kumaha seler sejen jadi ngarasana teh urang sunda nu salah pikiran meureun......
JP
Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Umumna mah nu sensitif pipilih mah elitna Kang. Baheula di waktu pemilu
1955, aya partey lokal nu didasarkeun kasundaan, hilap deui namina mah,
ngan eta partey teh henteu meunang sora nu signifikan di Jawa Barat (+
Banten), sora nu milihna saeutik pisan. Ieu nunjukkeun urang sunda umumna
henteu milih didasarkeun kana etnisna. Ceuk kuring mah, urang sunda umumna
pragmatis, mana we nu kira-kirana alus.
Tah anu jadi masalah ayeuna Kang, dilemna keur urang Sunda nu hayang jadi
pamingpin, sabab di daerah sanes, soal etnik ieu ayeuna nguat ku ayana
Pilkada langsung. Tatar Sunda, terang nyalira lami-lami mah eusina lain
urang sunda wungkul, pamingpin di tatar sunda, saperti ayeuna geus
kabuktosan, tiasa wae sanes urang Sunda. Tapi urang Sunda anu ngumbara
diluar Tatar Sunda, jigana teh rada hese boga kasempetan mimpin daerah
sanes, da umumna kudu putra daerah. Atuh dilemburna urang sunda? sami
hese, da kudu bersaing jeung nu ngumbara. Jadi ari ceuk kuring mah, engke
kahareup, kasempetan urang sunda jadi pamimpin (daerah) teh bakal langkung
leutik!.
Baktos,
WALUYA
(teu gaduh bakat jadi pamingpin ....hehehehe)
> Kang, sanes ku masalah paributan korsi nu mawa2 etnis nu jadi pikiran
> kuring mah, ngan eta we janten patarosan...naha urang sunda teh masih
> sensitif? atawa sensitif pipilih? Geuning ari palebah urusan korsi wapres
> atawa menteri mah mani sensitif pisan mamawa sunda, ngan palebah tempat
> runtah di Depok da asa teu karasa sensitifna....hare-hare weeee.....
>
> salam
> JP
>
Start your day with Yahoo! - make it your home page
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

