Baraya, 
urang sarerea sadar yen dina khazanah kasundaan kiwari, KUSNET geus
jadi hiji "ikon lain" gerakan kasundaan anu diitung. tapi, ceuk
paninggali kuring anu de-et keneh, gerakan anu diwangun ku individu
KUSNET masih keneh paburencay, sporadis, jeung kurang sistimatis.
ninggali kaayaan kitu, ceuk pamikiran kuring, urang kudu mimiti
ngawangun hiji model gerakan anu bisa dilakukeun ku sadaya resources
KUSNET.

tapi memeh asup kadinya, aya anu pundamental anu ku urang kudu
dibebener, nyaeta wangunan institusina sorangan, dina hal ieu KUSNET
jeung PERCEKA.

Can lila, kuring ngobrol ngenaan ieu. akhirna aya ide kumaha mun
ngelegalkeun KUSNET. Kumaha carana?
Gampang! pan geus aya Yayasan PERCEKA anu jadi payungna. Tah, KUSNET
bisa jadi salah satujuh divisi dina PERCEKA, atawa Badan Pengurus
Harian, atawa naon wae ngarana anu sipat pagaweana eksekutif. Relasi
atawa hubungan antara KUSNET jeung PERCEKA estu instruktif.

Kumaha praktekna? Kieu, KUSNET jadi LSM anu kakalayaban di dunya nyata
oge. Lain, nyaingan PERCEKA, tapi justru jadi papanjangan lengen
PERCEKA. Ide kuring, KUSNET jadi KUSNET Institute anu ngabogaan visi,
misi, jeung ART sorangan.
Pamikiran ieu mucunghul kusabab tuntutan stratehis anu manjang. conto,
mun KUSNET atawa PERCEKA rek neangan "pagawean" boh kucara "gawe
bareng", atawa sponsorship, atawa naon wae, bisa leuwih motekar. 
Sugan we, pagawean eta aya leuwihna, nya bisa jang insan KUSNET anu
ngokolakeunana, leuwih jauh keur ngalaksanakeun gerakan anu jadi visi
misi urang sakabeh.

Saha SDM na? 
Seu-eur. Ngaleuyah, malah mah. Aya MJ, Ua Sas, Bah Willy, Kang Oman,
Kang Yaya, Kang Ganjar, Ua Sidik, Teh Neni, jeng sadayana. Mun
aranjeuna super sibuk, pan aya budak ngora, saperti Kang Runa, Kang
Reza, Kang Cepi, Neng Iva, jeng sajabana.
Anu sarepuh, mun ngaraos kirang waktos, atuh jadi staf ahli we, atawa
dewan pembina, dewan penasehat, jsb. keun anu ngarora sina motekar.
da, katinggalina mah, seu-eur pisan garapeun teh. Conto, Kang Eko
hoyong gaduh toko On Line anu nyayogikeun rupa-rupa produk urang
sunda. Engke otletna aya di Texas, di Korea, jeung di mana2.

anu penting ceuk kuring mah, nyaeta, komunitas urang sunda di internet
ayeuna geus waktuna tandang di alam nyata. narjamahkeun visi jeung
misina dina gawe praktis tur strategis. kaasup, meureun (tapi kuring
rada bari seuri) ngarebut ITEUK kapamingpinan sunda ka hareup.
He...he...

tapi sadayana ge nyanggakeun. ieu mah ngan saukur ide. 
kumaha barudak ngora tah?

baktos

tantan


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
<font face=arial size=-1><a 
href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hl2c62i/M=323294.6903899.7846637.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1124886659/A=2896129/R=0/SIG=11llkm9tk/*http://www.donorschoose.org/index.php?lc=yahooemail";>DonorsChoose.
 A simple way to provide underprivileged children resources often lacking in 
public schools. Fund a student project in NYC/NC today</a>!</font>
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke