Wa'alaikumsalam......
 
Mangga kang Egi, enggal ngariung deui, ulah mung noongan wungkul bilih turuwisen, mangga atuh ah...!
cai zam-zam kitu..? cai tiis teh..?
Diantos zam-zamna nya kang...!
 
teh ipeut

Egi Al Ghaifari <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalaamualaukum,

Sim kuring seja nepangkeun ka baraya sadayana, wasta sim kuring Egi Al Ghifari, kawit ti Bandung (nanging sepuh calik di Ciranjang). Kiwari buburuh di Dubai, janten tukang icalan cai tiis (mangga diantos nu meryogikeun).
Saleresna tos 3 taun langkung (raraosan mah) sim kuring noongan ieu milist, malih parantos sababaraha kali gentos alamat email (lulusan sakola sim kuring tos katelah "kutu loncat"), nanging kapungkur mah unggal gentos imel, teu kantos kenging email ngeunaan "aturan" kangge nu nembe gabung. Geuning ayeuna mah aya email ti admin kangge nu nembe gabung supados kersa nepangkeun.
Mangga baraya, salajengna sim kuring mah bade seueur noongan deui wae,....

Wassalam,

Egi

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke