1. Saminggu nu geus kaliwat kuring panggih jeung hiji kolektor buku, papanggihna mah di sisi jalan bari alak ilik buku di pasar buku ngampar di jalan Dewi Sartika Bandung, terus ngobrol uplek, silih anjangan, mimitina inyana nu ka imah kuring, biasa we disuguhan buku buku Sunda, lantaran manehna mah teu ngahususkeun kana buku sunda jeung teu lancar kana basa sunda da inyana teh cina semarang nu mukim di Bandung ti taun 80an, atuh teu pati pogot ngan kuring meunang saran supaya buku teh kaciri beresih diberesihanana ku pemutih nyaeta ku bayclin, enya we harita keneh dipraktekeun, bangsa cap dina buku jadi laleungit, beresih deui, carana make kapas dibaseuhan bayclin ngan ulah baseuh teuing, cukup macak-macak, dioleskeun kana buku anu kotor, dijojoan we anu kotorna. Poe mingguna kuring nganjang ka panganjrekanana di Taman Kopo Indah, ambuing eta buku ngabadeg buku heubeul wungkul, aralus deuih, beresih, geus dijilid ulang, rapih, hanjakalna imahna (sabenerna mah gudangna da imahna mah lain didinya) samakbruk antara buku jeung barang antic sejena pasolengkrah. Aya buku anu kuring kataji pisan nyaeta buku ngeunaan Garoet, basa walanda, gambarna loba, rada kandel, alus keneh, ngan euweuh taun terbitna, hanjakalna teu dibikeun diririhan teh. Aya dua buku barter jeung inyana, buku Purnama Alam jilid 2 (ti inyana) ditukeur jeung buku basa walanda (ti kuring), terus Masakan jeung amis-amis (ti inyana) ditukeur jeung buku kupu-kupu sa jawa (ti kuring). Kuring pesen ka inyana lamun manggih buku-buku sunda tong poho bikeun ka kuring, da inyana ngudag buku teh sok kamana mendi, ngan nyaeta rada peureus dina palebah hargana, geura harga buku Semerbak Bunga di kota Bandung/Haryoto Kunto, nawarkeunana teh 700 rebu, bari bukuna can tangtu alus, kuring ge teu eleh geleng ngahargakeun Priangan/De Hans aya 4 jilid dihargakeun 5 juta sajilid, daek heug teu kajeun, da teu niat dijual ieuh.
2. Baraya sadayana, kuring teh ayeuna mah boga kantor anyar nyaeta di kios buku Kaseundeuhan, di pasar buku Cihaurgeulis Suci Bandung, sapopoe idek liher didinya, resep we tibatan sanggeus pangsiun jadi tukang moto ( tukang moto teh nyaeta tukang moe tonggong alias tukang moyan) mending ge ulin bari dadagangan buku, da bukuna mah lumayan lengkep aya buku buku terbitan Insist, Resist, Alvabet, Kiblat, Pustaka Jaya, buku Sunda ge aya, ngajual buku teh rada ngahususkeun kana buku buku humaniora, nya buku buku textbook keur mahasiswa ge aya. Bisi aya nu perlu buku mah sok we telepon ka kuring 022-70141141 atawa 0817228521 atuh sabalikna bisi rek ngajual buku Sunda buhun, kuring sanggup narima keur koleksi eta mah. 3. Poe kamari panggih jeung Mas Dayat urang Sumbawa nu kungsi ngagelar FBLB minggu kamari di Bogor (FBLB = Festival Buku Lingkungan Bogor), mas Dayat nyahoeun kuring muka Rumah Baca Buku Sunda, malah ngawilujengkeun pedah kuring aya dina Kompas, manghanjakalkeun wartawana teu pati nga-explore kalawan lengkep jadi weh rada cawerang eusina, kuring ukur ngaheheh. Mas Dayat ngajak supaya kuring panggih jeung kontak person nu bisa diandelkeun ti CC Foundation ( CC teh naon moal waka dibejakeun bisi aya cakcak bodas, ngan pastina ge alus) cenah mah CC teh kacida konsen kana hal-hal anu siga ku kuring dilakukeun. Kuring nganuhunkeun kana niatna, jeung kuring ge sadia panggih pira ge panggih jeung jelema naon hesena, silaturahmi mah pan alus. 4. Geus lawas kuring teu posting ka Kusnet, lain kuring mopohokeun ngan nyakitu geuning, waktu mah mun teu bener ngaturna bisa kaluli-luli, hampura we ka baraya sadayana, kuring kacida ngadukungna kana program Kusnet anu keur dibaladah ku anu ngarora. Sakitu we beja ti kuring tamba kawaranan teuing. MSasmita ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 1.2 million kids a year are victims of human trafficking. Stop slavery. http://us.click.yahoo.com/X3SVTD/izNLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

