Abdi sae alhamdulilah...
SATUJU kang, ti diri urang keneh. Justru hal nu leutik eta, miceun kertas atawa plastik dijalan ari ku mindeng jeung loba mah geuningan dijalan teh karotor we. Hoyong ningali kitu jalan2 di urang baresih we satuluyna. Atuh urang salaku masarakatna kudu disiplin. Naha teu kabita ningali lingkungan anu beresih. Mun bisa diturunkeun ka anak incu supaya disiplin dina kaberesihan, ti AYEUNA KENEH.
 
Cag,
Neng Iva

Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wilujeng Enjing...
daramang baraya?
 
Keun we bisi barosen oge.. urang silih ingetan we ieu mah. baheula di lembur aya istilah Jumsih, jumaah beberesih.
asana mah lamun teu di mimitian ti diri pribadi mah moal bisa lingkungan urang jadi beresih.
yu urang mimitian tina hal nu laleutik. miceun karcis tol, plastik AMDK, tissue, bubungkus jrrd usahakeun kana tempat runtah.
Nulis ieu pedah we tadi sajajalan ningali kalakuan, boh sopirna boh panumpangna tanpa rasa bersalah, sangeunahna miceun runtah. padu lung we tina jandela mobil.
 
Ieu teh lain sok sok-an, lain asa aing, da rumasa lamun miceun runtah can bener, sering sangeunahna tara pas asup ka wadah runtah..
 
Ah sakitu heula we.. DUH
 
PERMIOS
 


--
Dudi Herlianto
[EMAIL PROTECTED]
[email protected]
http://dudiherlianto.multiply.com/photos/


Start your day with Yahoo! - make it your home page

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke