Aya kana dua mingguna teu muka internet teh. Kamari ge muka, pedah bae tos pasini ti dinten Ahadna ka Kang Hendra ti Bogor -- bade maos email anjeunna ngeunaan Kandaga Sunda. Malih aya sawatara serat, kalebet haturan MJ sareng Uwa Sas, nu teu acan keneh dikintunkeun. Padahal, serat-serat eta teh tos diserat ti minggu sateuacanna. Malum, jalma wiraswasta. Muka internet teh teu tiasa sagawayah. Ongkoh hirup di Indonesia deuih, nu saur pun MJ mah Republik Tulalit tea, sakalina kamalinaan muka internet teh pun bojo sok bangkenu ningali tagihan telepon nu melendung.
Leres bae koropak teh tos metet. Sawatara serat tos teu aktual, kabujeung disusul ku SMS atanapi ku telepon. Nanging, teu sakedik serat-serat nu sami eusina, nyusul serat sateuacanna, nu teu acan diwaler. Alatan ku arang muka internet tea.
Di antawis serat-serat nu aya, nu eusina matak ngajenghok taya sanes iwal ti serat nu dikintun ku Kang Luna, ngeunaan Bewara Dewan Ekonomi Sunda (DES). Sanes bagbagan ngeunaan paekonomian nu diembrakkeunnana. Nanging, ngeunaan divisi-divisi organisasi nu aya di dinya. Margi, nu kahartos ku sim kuring harita, waktos gempungan di rorompok, eta mah obrolan saatos rapat ditutup. Ongkoh, ku emutan sim kuring harita, tugas DES teh ngarumuskeun kawijakan, program, sareng prak-prakkannana aktivitas ekonomi di lingkungan Kusnet (nu udagan sareng ambahannana sanes bae ngaronjatkeun karaharjaan sakur nu ngalaksanakeun eta kagiatan bisnis. Nanging, oge aya ipekahna kanggo Kusnet dina hal ieu Yayasan Perceka, salaku organisasi tunggal nu ngokolakeun ieu milis sareng kanggo kumna bangsa Sunda). Hartosna, sanes ngabahas perkawis organisasi Kusnet. Sanaos waktos tepang dinten Rebo, ping 24 Agustus 2005, sareng Kang Oman oge Kang Luna, kahartos: Yen kangge ngalaksanakeun paekonomian teh, salah sawiosna, kedah aya kelengkepan organisasi, kedah aya revitalisasi organisasi.
Lian ti eta, kunaon ngajenghok, kacipta kumaha perkawis divisi ieu bakal ngagareuwahkeun saeusi milis. Malum, lian ti ngintunkeun ka kumna anggota Dewan, Kang Luna oge diamanatan sangkan ngalaporkeun hasil (samentawis) gempungan Dewan Ekonomi (cabang Jakarta) ka milis. Sanaos teu acan final oge, ceuk pipikiran, teu aya lepatna diembrakkeun di milis. Supados janten hiji wacana, nu engke dipadungdengkeun sareng dirumuskeun deui ku eta sakadang Dewan. Nanging, eusina nya malulu ngeunaan hasil padungdengan ngeunaan paekonomian eta. Sanes nu sanesna. Ari ieu? Beu, pasti gujrud yeuh urang lembur gerentes sim kuring.
Ana dijugjug ka milis teh, leres bae. Sanaos teu patos seueur nu katoel ku eta isu, tetela aya sawatara komentar nu keur sim kuring pribadi ageung pisan ajenna. Keuna pisan kana mamaras, sanes bae keuna kana mataholang pasoalan (Kang Oman, merenah heunteu sim kuring nerapkeun kecap mataholang dina konteks ieu?), tapi oge langkung jero deui: Ngeunaan watek, pasipatan, sareng udagan ieu milis.
Leres pisan, Kang Ganjar, nu dimaksad ku sim kuring teh komentar atanapi serat salira. Serat Akang, kangge sim kuring, subtansial pisan. Persisna ngeunaan fungsi milis, utamina komunitas sapertos Kusnet ieu.
Leres pisan, watek hiji komunitas mah teu rigid sapertos ormas atanapi partai. Teu aya aturan atanapi kawajiban nu sipatna ngiket anggota. Komo deui, ieu hiji milis. Nu salah sawios filofofi nu diembanna, nya kabebasan nu (meh) taya watesna eta. Urang bebas ngiringan atanapi heunteu ngiringan hiji milis. Di mana ngiringan oge, bade aktif bade heunteu teu langkung jinisna. Sapipina-sapipina. Suka-suka. Ana eta aya moderator, nya sangkan ulah aya nu mengpar teuing tina tatakrama bae. Malih, pan teu sakedik milis nu diapilainkeun ku moderatorna. Atanapi teu dimoderatoran pisan.
Matak, ka Uwa Sas sareng MJ sim kuring sok ngaheureuyan: Aya ku rajin, ku dadaekanan, ngadamel hiji organisasi (Yayasan Perceka) nu paniatannana di antawisna ngawadahan (sacara hukum) aktivitas sareng aspirasi nu aya di ieu milis. Da nu tadi tea: Anggota milis mah sanes mahluk nu loyal. Kuma karep. Sakasampeurna. Aya oge, cekeng teh, milis nu diadegkeun ku hiji organisasi. Naha keur media komunikasi pangurus jeung anggotana, komunikasi antar anggota, atanapi pikeun ngudag atanapi ngalakonan tujuan organisasina ka balarea nu leuwih lega. Ari ieu? Pan, ti balik?
Tangtos aranjeunna, kalebet sim kuring, sanes teu apal kana pasipatan milis nu hese dicekel-na. Nanging, dilembagakeun teh dina hartos diformalkeun, diwadahan ku organisasi berbadan hukum pedah bae dina ieu milis remen aya wangkongan nu nagih, sanes bae ayana hiji action nyata (prakna tina pok), tapi oge ayana hiji badan hukum pikeun ngawadahan eta action. Kongkritna: Di ieu milis, paling heunteu dina waktos eta Yayasan diadegkeun, teu sakedik wangkongan ngeunaan kaayaan nagara, prak-prakkan pamarentahan di urang, paekonomian, organisasi-organisasi ka-Sunda-an (Ti awitan Damas dugi ka Paguyuban Pasundan), pasipatan urang Sunda, sjte. Nu intina, teu nyugemakeun, atanapi teu acan nyugemakeun -- omeaneun. Bari, pamendak kitu teh tos katoong -- aya nu didorong ku emosi, malih dugi ka ngacapruk pisan (siga sim kuring), aya oge nu langkung tarapti obyektif, ilmiah, bari ditilaman ku basa sareng sastra nu matak reueus pangersa Ajengan Moesa atanapi Tuan Holle. Perkawis kaayaan bangsa urang satemenna, tangtosna, pangersa Kang Ganjar langkung paos. (Studi sareng analisis Akang nu ilmiah sareng komprehensif kantos dipaparkeun ku wargi-wargi Kusnet di Jakarta, ngalengkepan studi sareng analisis sanesna).
Tah, supados teu eureun mung dina nyawad kaayaan, naha ku luhlah atanapi ku heureuy, komo ku ambek, Uwa Sas saparakanca midamel eta organisasi Yayasan Perceka. Sim kuring, nu harita kalebet the new kid on the block haget pisan waktos MJ ngajak sim kuring janten salah sahiji pangurus. Sanes pedah aya kasempetan janten inohong atanapi selebritis. Tapi, lian hayang kapuji teh, pikeun sim kuring: Internet, utamina milis, euweuh gunana mun euweuh mangpaat langsung ka jalma loba (utamina jalma nu kirang sae nasibna: Nu teu tiasa nyakolakeun murangkalih alatan sakola mahal, nu langkung sesah nyiar kipayah alatan pangwangunan nu nambru di hiji tempat, nu teu iasa ngical produkna ka luar nagri alatan teu tiasa basa Inggris atanapi teu terang kumaha carana, nu teu bisa muka internet alatan di kotana teu aya warnet, di mana aya ge ngan di sakola atanapi bukana sapertos nu shaum sunat Senen-Kemis, sjte). Malum, saur Abah Surya mah, sim kuring mah jalma nu kairid ku paham materialisme. Sagala teh sok hayang bukti (dina hal ieu mangpaat) nu natrat, nu nyata, nu kadeuleu.
Sanaos, leres, teu aya Yayasan Perceka ge sim kuring bakal panggih deui jeung Sunda nu leuwih komprehensif (Kasundaan sim kuring kageuing sanes ku Mangle, ku Giwangkara, atanapi ku Lises. Tapi, ku wacana nu nyampak di senirupa sareng... Kusnet!). Oge, leres saupamina Yayasan Perceka teu aya (teu diadegkeun), basa Sunda di internet bakal janten hiji wanda (genre atanapi basa wewengkon/dialek) sapertos nu kantos diembrakkeun ku Abah Surya, malih janten hiji topik dina Kongres Basa Sunda pangakhirna di Subang, sawatara waktos kapengker. Pon kitu deui bisnis P to P (atanapi B to B-na pisan) bakal ngawujud di antawis anggota komunitas. Tos kantenan ari patepungna hiji roh sareng roh sanesna mah. (Kang Ikmal, oge Teh Ani, punten sanes bade nyindir salira duaan). Nanging, pikeun sim kuring, oge sawatara anggota milis sanesna nu kakolongan manahna ku sim kuring: Ku ayana hiji organisasi (badan hukum) mangpaat nu dipimaksad teh tiasa langkung natrat. Dipiharep, ku ayana hiji organisasi berbadan hukum, usaha-usaha kangge ngiring ngomean kaayaan teh tiasa dilaksanakeun kalayan nyakola sareng modern terencana, sistematis, efisien, efektif, produktif, bari lantip, sanaos teu diamparan alketip.
Tah, dina konteks eta, ku naon Dewan Ekonomi dugi kana obrolan ngeunaan ormas sapertos nu disebatkeun ku salira. Sapertos nu didugikeun ku Kang Oman, nu oge (mudah-mudahan) tos dilaporkeun ku Kang Luna: Kanggo ngeprakkeun paekonomian di lingkungan Kusnet teh singhoreng salah sawiosna kedah ngadamel ormas. Malih, sapertos nu disigeung ku pangersa Apih Sidik ti Korea, oge ku sawatara anggota milis ieu sawatara waktos kapengker: (boa-boa) ku ayana Partai Sunda!
Sanaos, dina konteks nu dimaksad ku Kang Agus saparakanca waktos ngempel di rorompok, oge ku Kang Oman, divisi-divisi nu dimaksad ku aranjeunna teh sanes kanggo ormas atanapi nu sanesna. Nanging, nu caket bae: Yayasan Perceka. Intina: Supados eta kagiatan paekonomian (Sunda) di Kusnet jalan, oge kagiatan panatratan sanesna, kedah aya revitalisasi organisasi YP salaku organisasi tunggal sareng resmi nu aya di milis ieu.
Kumargi nyangkut YP, tangtosna hal eta ge masih kedah dipadungdengkeun deui sareng MJ, Uwa Sas, oge rengrengan pangurus sanesna. Eta mah nembe pipikiran Dewan Ekonomi, nu oge (harita mah) teu acan final sanaos nu karampa ku sim kuring, eta pipikiran teh taya lian tina pipikiran sareng kahoyong nu pating meletek ti sawatara anggota milis nu langkung lega manan Dewan Ekonomi. Kitu ge upami eta Dewan dianggap organ YP. Nanging, sanaos teu aya bisluit ti MJ, da waktos eta Dewan dibentuk teh MJ sareng Uwa Sas ngiring dina eta rapat kilat di satengahing kariaan jatukramina Neng Ani sareng Kang Ikmal, nya anggap bae eta Dewan teh resmi organ YP. Malih, pan sim kuring, salah sahiji pangurus YP, ngiring janten salah saurang anggota Hewan.
Intina, naha eta organ YP atanapi sanes, pipikiran Dewan teh prakprakannana masih kedah dipadungdengkeun deui. Ngahaja dialungkeun ka milis, lian ti laporan teh, oge ngahiap komentar sareng pamendak majlis sadaya. Utamina, komentar nu sipatna nyeukeutan naon nu tos dirumuskeun (saheulanan) ku eta sakadang Dewan. Sanes nu ngabongkar dadasar nu, kangge sim kuring saparakanca, dianggap tos beres: Pan organisasina tos ngadeg ti iraha mula? Nu ayeuna kedah dipajeng, kumaha eta organisasi teh tiasa hirup oge ngawadahan aspirasi kumna (mayoritas) anggota milis luyu sareng paniatannana.
Hanas eta organisasi teh aya ku alatan milis, atanapi aya di satengahing milis, hartosna tong dugi ka ingkar tina pasunatan komunitas nu merdika, insya Allah diperhatoskeun pisan. Malih, satemenna tos diprakkeun. Contona, nya perkawis paekonomian ieu. Satemenna, wacana ieu tos dialungkeun ti abad itu keneh. Paling heunteu sim kuring sorangan kantos mostingkeun dua pangacaprukan perkawis ieu. Salah sawiosna dimuat dina buku Sura Seuri Siga Sero (Perceka, Bandung) kaca 128 (Perkara Beuteung jeung Koperasi Warga Sunda, diposting ping 14 April 2002). Oge nu sanesna. Nanging, dugi ka danget ieu sakaterang eta wacana teh teu ngawujud janten hiji action nu nyata. Malih sawatara waktos kapengker, hal ieu oge ku sim kuring kantos disigeung (deui) dina hiji gempungan di kantor Uwa Sas, di Jalan Japati, Bandung. Nanging keukeuh teu prak bae. Pon kitu deui di Jakarta. Kantos aya kempelan alit nu nyawalakeun hal ieu, malih tos aya deadline-na sagala. Nanging, dugi ka wangkid ieu serat didamel, eta rancangan teh ngabuntut bangkong.
Teu prak teh sanes bae ku betahna urang ber-wacana-ria. Tapi, nya ku keyeng dina ngajaga watek milis atanapi komunitas. Leres, boh Uwa Sas, boh MJ, oge pangurus YP sanesna, aya kahoyong sapertos kitu, aya kahoyong ngalakonan paekonomian (nu sanes bae ngaronjatkeun karaharjaan urang Kusnet, tapi oge saeutik seueur ngiring ngaraharjakeun balarea nu leuwih lega). Nanging, lian ti nyangkut artos, oge ku pakepuk nguruskeun urusan sewang-sewangan, aranjeunna teu tiasa sagawayah bae maen ngajak, komo ngeprak mah. Aranjeunna sadar pisan, yen dikumaha-kumaha oge ieu teh hiji milis, hiji komunitas. Hanas eta aya Yayasan, aya organisasi berbadan hukum, nya eta mah sakasampeurna bae. Saha nu bade ngangge, mangga. Heunteu nya teu sawios-wios. Sunat, saur MJ mah.
Pon kitu deui dina perkawis sanesna, nu satemenna kedah dilajuninglaku dina hiji kagiatan atanapi tindakan nu langkung kongkrit, ngabuntut bangkong dina wacana. Kalebet perkawis divisi-divisi nu dibidanan ku Kang Agus, Kang Oman, Kang Tantan, oge wargi-wargi sanesna nu aya dina Hewan Ekonomi. Hal ieu kantos janten pacengkadan sim kuring sareng MJ. Sumuhun, sim kuring teh getek pisan ningali kasabaran MJ, nu sanaos tukang gaploxs (nyitrakeun jalmi nu boga watek diktator, fasis, militeristis) tapi jero-jerona mah demokrat malih liberal pisan. Antukna, dina ngokolakeun Perceka, MJ pakepuk sorangan. Karunya. Eukeur mah (waktos harita) masih (resep) ngajomblo, bade iraha bobogohannana upami waktosna seep ku ngurus Perceka (sareng damel di pangulinan)? Ceuk sim kuring, ku naon struktur organisasina teu dilengkepan ku seksi-seksi atanapi sarupaning kitu nu teu ngajurumuskeun MJ kana tulah nu aya: Sagala urusan Perceka diurus ku sorangan. Mun teu aya MJ, jeung Uwa Sas, Perceka teh ngan saukur kertas. Tapi, nyaeta, MJ tigin ngajaga pasunatan milis: Ieu areal bebas, urang teu tiasa maksa nu lian sangkan ngalakonan (atanapi teu ngalakonan) hiji hal. Kalebet mantuan MJ. Ongkoh, boro-boro digajih, honor ge teu aya da ti mana duitna? Saha nu kersa mantuan, ari sanes lillahi Sunda mah. (Astagfirullah hal adziem. Punten pisan, bilih kamalinaan).
Tah, kahoyong natratkeun wacana dina laku nu nyata eta teh nembe nguniang (deui) ayeuna. Utamina dina perkawis paekonomian sareng kasehatan organisasi nu beh dituna ngaoptimalkeun fungsi internet/milis pikeun karaharjaan balarea. Ieu ge duka... Naha ieu teh dina raraga ngamumule tradisi (mung) ber-wacana ria, atanapi ngalakonan trias manusa Sunda kalayan sampurna: Pok-pek-prak. Sanaos upami ningali kumaha militansi Kang Oman (nu sanes bae hideng ngoordinir rapat anggota Hewan Ekonomi nu aya di Bandung, oge ngageprak nu aya di Jakarta sareng Bogor bari ngabelaan ninggalkeun tugasna salaku pagawe nagri), Kang Luna (nu kersa angkag-ingkig Bogor-Jakarta-Bogor, seseleket dina kareta listrik nu metet), Kang Agus (nu pulang-anting Maruya-Salemba, Kuningan-Kebayoran Lama, mangsa Jakarta umpal-umpalan ku macet) sjte, sim kuring optimis: Nya, ayeuna tradisi wacana teh punggas. Bari keukeuh: Hakim nu adil mah taya lian iwal ti Lengkahing Waktos. Nya, anjeunna nu nangtoskeun pok atanapi prak-na sadaya ieu.
Sakitu bae, Kang Ganjar, oge nu sanesna. Pangapunten upami panjang pisan. Lian ti hayang kapuji teh, nya pedah tos lami bae teu neror ieu milis. Etang-etang tilam sono.
Baktos ka sadayaNa,
Maman Gantra
Pengawas Yayasan Perceka
Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
Start your day with Yahoo! - make it your home page
Appel audio GRATUIT partout dans le monde avec le nouveau Yahoo! Messenger
Téléchargez le ici !
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

