assalamualaikum,
kahatur moderator/kuncen milis urang sunda,
kahatur saderek nu aya di milis urang sunda,
nepangkeun nami abdi havid, nembean lebet di milis ieu. Asli bandung, tapi ayeuna domisili di bogor, damel di jakarta.
Saderek sadayana, abdi teh ayeuna kagungan masalah anu kalintang matak ngalieurkeun sareng matak ngabingungkeun.
abdi teh kagungan sambetan anu ageung pisan, sekitar 50 juta, anu kedah dicicil ku abdi. anu janten masalah, sambetan teh aya di sababaraha tempat. Sambetan teh nyaeta artos anu kuabdi tambut kapungkur kanggo ngabantos pun bapa kanggo ngabiayaan sakola pun adi, biaya operasi pun bapa, sareng biaya ngalahirkeun pun anak anu kapaksa pun bojo teh kedah dioperasi sesar.
rencana abdi ayeuna, nyaeta bade ngagabungkeun sambetan teh di hiji tempat saageung 50jt. mung katerbatasan abdi teh dina nyicil sambetanna, mung tiasa mayar sajuta sasasih.
saleresna mah abdi teh tos aya niat bade ngical bumi sareng taneuh anu di bandung, mung dugi ka ayeuna teu acan aya kepastian ti nu bade ngagaleuhna, masih nego harga sareng keuanganna anu bade ngagaleuh eta. panginten pami tos pajeng mah bumi sareng taneuh teh, sambetan nu abdi teh bade dilunasan. Atanapi aya diantawis saderek anu berminat ngagaleuh bumi sareng taneuh abdi di bandung, diantos pisan kabarna sareng bantosanna.
hatur nuhun kana perhatosanna.
wassalamualaikum,
havid chandra purnama
HP : 0818219188
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

