| Redaksi Bogoronline.com |
|
Pemimpin Umum : Ah eta mah ngan conto wungkul mureun bisa di rampingkeun deui sesuai kabutuhan. Aya 4 bulan (September - Desember 2005) jang evaluasi sakirana sampai bulan desmber kondisina siga ayeuna euweuh kamajuan hadena mah tutup wae nyaah mayaran jang nyewa server ari tanaga relawan mah geus nambahan ayeuan teh nuhun ah. |
Assalamualaikum Wr. Wb.
Katilu, Perkawis Ngokolakeun web site (Dewan IT/Divisi IT)
Timna nyaeta :
1. Kang Eko Ruska Nugraha (koordinatorna)
2. Kang Cepi Budiman
3. Kang Yayan Jajaka Subang
4. Kang Reza Krisdian
5. Kang Maman Gantra
6. Kang M. Hasan
7. Kang Gunawan Yusuf
8. Kang Kandar/Kumincir
Tina hasil gempungan teh aya sababaraha poin nyaeta:
1. Ngabebenah sistem manajemen anu ngokolakeun web site anu diantawisna www.urang-sunda.or.id
2. Hoyong ngadamel situs portal perkawis kasundaan.
3. Bade ngadamel kamus basa sunda online / sapertos transtool tea panginten anu langkung praktis. Perkawis ieu bade anu tanggelwalerna kang Cepi Budiman. Anjeunana kantun nyuhunkeun databasena we perkawis basa sundana, da programna mah tos ngadamel kantun ngalengkepan wungkul. Upami teu lepatmah versi kamus basa sunda online teh : sunda-indonesia-inggris. Tah kanggo palawargi anu memang ngagaduhan atanapi bade ngalengkepan kamusna basa sundana mangga kantun di alungkeun wae.
Diantos pisan partisipasina mumpung aya anu sumanget ngokolakeunana alias teu kenging di momoreh ku urang. Moal enya aya anu nuju segut ngabebenah ku urang teu disumangetan sareng teu ngiring pasrtisipasina anu tangtosna sakatiasa, sakaduga urang sewang2an. Asa lebar kitu tah.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

