Punten Kang Dokter, aya patarosan nu pakait sareng
tulang. Ari tulang rangka manusa dewasa, antara nu
jangkung sareng nu pendek, nu utama bentenna palebah
mana? Naha palebah rangka tulang belakang, atanapi
tulang anggahota badan ti pingping ka handap?

Ieu patarosan teh jiga pangangguran, tapi aya
kapanasaran. Pedah eta aya tatangga istrina jangkung
lenjang, ari carogena peceklek leutik. Naha teu aya
pangaruhna kana proses reproduksi? Hehehe.

Salam,
MH

--- dadang rukanta <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Assalamu'alaikum.
> Daramang sakumna baraya di babakan US, abdi
> alhamdulilah aya hibar
> pangdu'a ti sadaya. Nyumponan pamundut ti teh mpup,
> oge ngaguar
> kapanasaran nu sanesna ngeunaan tumuwuhna tulang
> urang, tiasa
> kasanggakeun pedaran singget sakumaha dicutau
> dihandap ieu :
> Tumuwuhna Tulang,
> Tumuwuhna tulang manusa, teh bisa digolongkeun kana
> dua golongan,
> kahiji tumuwuhna tulang disabudeureunnana nu
> ngajadikeun tulang urang
> ngandelan jeung ngagedean ukuran tulang, nu kadua
> tumuwuhna tulang nu
> ngajadikeun tulang janten panjang. Golongan nu kadua
> ieu nu gede
> pangaruhna kana jangkung pendekna hiji jalma. Dapur
> nu ngajadikeun
> tulang tumuwuh panjang ieu ayana di sabudeureun
> tulang sandi antawis
> 5-8 senti disaluhureun atanapi sahandapeun tulang
> sandi. Ieu dapur
> teh biasa disebut "efifise" atanapi cakram tumuwuhna
> tulang. Kunaon
> disebut cakram, kumargi wujudna memang siga
> piring/cakram nu
> mangrupakeun wilayah tulang dimana sel-selna aktif
> nyiptakeun sel-sel
> tulang anyar (duplikasi). Tulang nu ageung
> pangaruhna kana jangkung
> pendekna jalma nyeta tulang suku (ti mimiti
> ping-ping nepi ka indung
> suku) jeung tulang tonggong (vertebra), ti mimiti
> tulang beuheung,
> tonggong jeung cangkeng.
> Ngan kudu di inget tumuwuhna tukang teh teu ngan
> saukur ku aktifna
> sel-sel tulang meulah maneh (duplikasi) tapi oge
> dipangaruhan ku
> kadar kalsium nu bisa disimpen dina sel-sel tulang
> nu bakal ngawangun
> jeung ngawentuk tulang nu kumplit. Janten
> karancangna tina sel-sel
> tulang nu ngawangun bangunan tulang eusina mineral
> kalsium jeung
> mineral lianna kayaning magnesium fosfor kolagen
> jrrd.
> Cakram efifise ieu teh bakal nutup dina hiji mangsa
> nu pinasti, ngan
> antara jalma nu hiji jeung nu lianna beda waktuna,
> ngan numutkeun
> panalungtikan para ahli, pikeun awewe nutupna cakram
> antara umur
> 17-21 taun pikeun lalaki nutupna antara umur 21-25
> taun. Kusabab kitu
> sapanjang cakram ieu can nutup tumuwuhna tulang bisa
> di bantu ku
> jalan ngaaktifkeun sel jeung nedunan kabutuhan
> kalsium jeung mineral
> lianna nu diperlukeun ku dapur tulang tea. Faktor
> lianna oge faktor
> turunan/genetik.
> Baheula aya alat nu katelah ortopedi, nu cenah keur
> ngarangsang
> tumuwuhna tulang. Aya benerna ieu beja ngan teu
> lengkep. Mun teu
> salah mah eta teh sarupaning alat nu dipasang dina
> dampal suku, terus
> si alat teh ngageter. Dina panalungtikan memang aya
> postulat nu
> nerangkeun yen geteran2 leutik bisa nimbulkeun sel
> tulang leuwih
> aktif (micromovement). Ngan teori ieu salah
> dilarapkeun, kahiji
> geteranna kudu bisa kaasup geteran mikro tea, kadua
> wilayah tulang nu
> dirangsang lain na dampal suku tapi didaerah cakram
> tadi salila
> cakram can nutup. Ka tiluna, nu tadi tea, teu ngan
> saukur ngarangsang
> sel oge kudu di lengkepan ku nyumponan kabutuhan
> kalsium tea.(antara
> 1000-1300 mg sapoe). Sumber kalsium ieu naon wae
> bisa kumaha
> kacocokan-kasedepna. Rek ngadahar surawung, daun
> gedang, daun
> tangkil, teri,impun, tutut beunteur atawa meuli
> suplemen. 
> Aya oge usaha keur nambahan jangkung teh ku jalan
> ditarik, ieu ge
> ngan saukur menerkeun urat-urat tulang tonggong nu
> kurang ajeg, jadi
> nambahannana teu sabaraha oge upama teu dilatih
> jeung teu mayeng
> bakal balik deui (dina sahiji buku tilang tonggong
> teh bisa diregang
> anatara 0,5-1 milimeter). Usaha ieu teu bisa
> dilakukeun jeung aman
> pikeun jalma nu cakramna geus nutup. Cara sanesna
> salian ti ditarik ,
> nyeta latihan 'full up', ngojay jeung ngabiasakeun
> posisi diuk jeung
> nangtung nu ajeg. Usahakeun bobot awak tong jauh
> leuwihna tina beurat
> awak nu proporsional (ideal,=(TB - 100)-10%(TB-100),
> supaya urat nu
> diregang tadi teu jadi sibuk nahan beurat wak nu
> kaleueuwihi. Cara
> lianna nu kawilang beurat naeta ku jalan di operasi.
> Ku cara ieu
> tulang ngahaja dipotongkeun, terus dicangkok sumsum
> tulang atawa sel
> tulang, terus ditariklalaunan sapoe 0,5-0,1 mm.
> Pikeun narik tulang
> ieu tulang dipaeuk di luhur jeung handap. Cara ieu
> biasana dilakukeun
> pikeun ngoreksi atawa ngarekontruksi tulang nu teu
> saimbang kenca
> katuhu.
> Cag sakitu heula...
> Puntn teh mpup nu leres SpOT (spesialis Orthopaedi
> dan Traumatologi,
> atanapi SpBO, spesialis Bedah Orthopaedi). Oge
> peryogi kauninga ku
> barauya US sadayana profesi SpBO kadang di masarakat
> sok seu eur
> lepat hartos kumargi kalebet profesi enggal (Sa-Ind.
> nembe aya 240
> jalmi), mung saukur panjangkeun tulang, Saleresna
> widang orthopaedi
> teh kacida luasna, tingawitan cacat bawa lahir,
> infeksi, kacilakaan,
> proses tumuwuhna jeung proses degeneratif oge
> kanker, tina tulang,
> sandi, urat jeung saraf. Naha ku jalan landong,
> atanapi operasi oge
> usaha-usaha pencegahan. Janten widang orthopaedi
> tiasa ngalandongan
> ku jalan kimiawi atanapi operasi (nyambungkeun
> tulang, saraf jeung
> urat getih, oge ngaropea cacat supaya fungsina
> sampurna jeung
> ngadeukutan wentuk aslina, dan moal bisa nyaruaan
> buatan gusti mah
> nya :-).
> Hatur nuhun...
> 
> 
> 
>               
> ____________________________________________________
> Start your day with Yahoo! - make it your home page 
> http://www.yahoo.com/r/hs 
>  
> 


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/ons1pC/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke