Poe Senen kamari kuring ka Bogor, ngadon ulin bari ngudag buku heubeul da
aya beja hiji kulawarga rek ngalelang buku heubeul cenah mah aya buku
History of Java Raffles, jeung buku sejena lolobana buku botani, kakayaan
alam Jawa Barat malah aya "slide" anu rada lengkep.
Kuring nyimpang heula manggihan balad di Studio Kendil di Ciluar, bari
sakalian ningali kagiatan di eta studio anu geus sukses ngayakeun kagiatan
Festival Buku Lingkungan Bogor (FBLB) sakalian ngintip kumaha gawena nepi ka
bisa sukses kitu, kabeneran kuring panggih jeung balad anu kapeto jadi
pamingpin dieta komunitas, anu sakaligus jadi kurator buku buku heubeul,
matak helok ningali buku jeung peta heubeul-na, kuring ge ngaririhan meunang
sababaraha lambar peta Jabar heubeul anu terbit taun 30an jeung taun 40an,
lain nanaon hayang eta peta teh pedah we alus keneh tur lengkep pisan malah
aya nu sifatna "restricted" da anu nerbitkeunana US Army.
Studio Kendil pantes mun rek diconto teh, tempatna merenah, atuh gawena ge
kacida rapihna, da dilaksanakeun kalawan daria. Atuh kagiatan sejena bisa
ngahasilkeun pikeun ngahirupan dirina, sok sanajan enya disabalik eta aya nu
jadi pananggeuhan nyaeta gawe bareng jeung hiji foundation ti luar nagri.

Hanjakal buku buku heubeul anu diudag ku kuring encan kapanggih da nu bogana
gawe di Jakarta, kudu ngadagoan nepi ka peuting bari can tangtu balik, atuh
kira-kira tabuh 5 sore kuring gura gieu mulang ka Bandung, ngan kuring
percaya ka balad eta pikeun ningali bukuna, malah kuring teh geus nitip duit
keur tanda jadi.

Poe Minggu pasosore kuring silih sms jeung kang Maman Gantra, kang Maman G
ngabejaab geus kongres Kusnet di Bogor, hasilna mah anu diposting ku Kang
Runa, kang MGT ngajak supaya kuring nyimpang ka bumina di Jkt, hanjakal teu
katedunan, atuh poe minggu peuting sanggeus kuring dina beus ka
Bandung-keun, Kang Runa nelepon, hanjakal deui bae kuring teu bisa nohonan
panglemna da kuring geus kapeutingan teuing jeung ongkoh geus dina beus geus
di Ciawi harita teh, lain teu maksud manggihan baraya Kusnet di Bogor, ngan
nyakitu kuring panteng teuing ngawangkong jeung balad nu di Studio Kendil
pedah loba buku heubeulna bari jeung "ngintip" tea.
Hapunten ka baraya sadayana anu di Bogor sareng ka Kang Maman Gantra teu
tiasa nepangan pisan.

Lamun tea (keun bae ah ngalamun ge pan ngalamun mah sarua jeung ngimpi can
kudu mayar pajeg ka Pemda masing geus Otda ge) di Bandung ngayakeun Festival
Buku Sunda Bandung heug anu jadi kokojona Kusnet-Perceka sabage "event
organizer", beu matak reueus,
Ieu FBSB teh keur ningalikeun ka Urang Sunda yen buku buku Sunda teh aya
keneh, unggal inohong nu geus karolot sina ngaluarkeun peperenianana boh
Buku sunda buhun, boh sagala rupana ngeunaan Sunda, sugan jeung sugan jadi
daya tarik keur nu ngarora pikeun ngaropea Sunda, atuh kitu deui sabage
ajang silaturahmi komunitas kasundaan (LSM Kasundaan).
Tempatna lain di gedong sigrong tapi di hiji pakampungan/ pemukiman /komplek
perumahan anu merenah dipake kitu.

Ka Kang Runa wilujeng tos matotoskeun masalah Kusnet-YP sim kuring mah
ngadukung pisan ngan ulah teh cul dogdog tinggal igel, ulah soteh hayeuh we
pagugunyeng dina padungdengan ari prakna mah muluntu, keun bae leutik, cetek
oge asal prak dilaksanakeun, tibatan luhung dina tulisan/ rarancang ari
prak-na heunteu.

MSasmita














------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/ons1pC/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke