Sababaraha waktos kapengker sim abdi kantos mostingkeun perkawis, seueur wanoja ti Indonesia anu di expor ka Jepang, kanggo wanoja hiburan di bar-bar/night club-night club di Jepang teu pamohalan dijantenkeun PSK ku para gangster di Jepang.
Lamina kontrak mun ukur genep sasih, seueur anu dikintun ka Jepangna ngalangkungan Korea (Incheon Int'l Airport), rerencangan sok sering kawenehan mendakan eta wanoja-wanoja
anu bade di ka Jepangkeun.
Sakali dongkap kadang kala dugi ka tujuh/dalapan jalmian, anu diantawisna seueur wanoja anu ti TS.
Tadi enjing eta rerencangan kawenehan deui mendakan hiji wanoja anu bade di expor ka Jepang, kapendak soteh, pedah wae eta wanoja siga nu bingung. Nya kurerencangan teh ditalek, cenah; bade ka Jepang (katipu), nyandak bekel, artos rupiah, lapar hoyong neda, pesawat anu baris mawa ka Jepangna 3~4 jaman deui, nya kurerencangan teh dipasihan artos Korea (Won) kana pangaji 10 dolareun, ngobrol-ngobrol...... gorehel teh eta wanoja ti Karawang..... ajeueuwww... Tama...., kumaha ieu...???.
Kaya kieu mah ieu lemah cai bakal kakoncara janten nagara : pengexpor tenaga kerja, pengexpor pembantu, pengexpor PSK....beueueu ... ambeu...
Ananging kitu dinten ieu mah eta rerencangan rada mucekil, tiasa ngengingkeun buntut eta sindikat pengexpor wanoja, tah ieu nami sareng alamatna ;
Nami : Leonardo (jabatannana mah : wallahu alam) alamat e-mailna :
No. HP. : 0813-1098-9000
Nami Pausahaanana : PT. CANTIK STAR PROMOSINDO
Widang Usaha : Entertainer, Artis Agency, Int'l Promotor
Alamat : Jln, Ciputat Raya No. 30B,
Kebayoran Lama, Jakarta Selatan
Nomer telepon : 021) 7279-9288 (hunting)
Faksimili : 021) 720-1338
Leres nagara urang nuju dipu'uk ku karipuh, namung ari kedah janten nagara exportir PSK mah audzu billah himin dalik.
Cing..ciiingngng..aya diantawis para wargi ieu milis, anu tiasa mendet eta kagiatan, atanapi sahanteuna, tiasa nalingakeun eta pausahaan.
Pihatur,
ssw
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

