Assalamu'alaikum Warrohmatullohi wabarokaaaatuh
baraya Kusnét dimana waé ayana,
Sapertos nu dibéwarakeun sateuacanna, Kusnét bade ngayakeun kopdar
rutin anu Insya Allah badé diayakeun dina :
Dinten Minggu, ping 4 September 2005
Tabuh 9 (salapan) enjing nepi ka réngsé
Tempatna di Pondok Séngkéd Adi sanggoro,
Cangkurawok, Desa Babakan, Kampus Dalam IPB,
Kecamatan Darmaga, Bogor.
Agénda acara diantawisna :
- Silaturahmi jeung wawanohan
- Maheutkeun deui Acara halal bihalal Kusnét taun ieu sakalian
Ngabentuk panitia Halal Bihalal
- Maparkeun rencana gawé Dewan Ekonomi sareng
Tim nu bakal ngokolakeun websait/ramatloka Kusnet
Kumargi pentingna ieu acara, peryogina ideu sareng masukan-masukan ti
balaréa, ka baraya anu salsé, baraya enggal nu hoyong tepang, baraya
nu mikareueus jeung nu ngarasa miboga ka KUSnét dihaturanan sareng
diantos pisan kasumpinganana.
Hususon kanu kénging pancén janten tim survéy tempat kanggo Halal
Bihalal, diantos laporanana lengkep sareng data-datana.
Anu badé ngiringan, mangga konfirmasi ka :
Téh Imas : 0813 11396953
Kang Ndoell : 0812 9056192
Kang Runa : 0818 109410
Kang Rezza : 0856 91449636
Wassalamu'alaikum Warrohmatullohi wabarokaaaatuh
Hatur nuhun,
-Ndoell-
*** punten Kang Eko, nuhunkeun tulung ieu bewara dijaprikeun deui ka
sadaya anggota milis anu statusna nomail, supadaos nampi ieu bewara,
hatur nuhun sateuacana ***
én-bé :
<< Nu tos konfirmasi bade ngiringan (ceunah) :
- Kang Runa (bgr)
- Kang Eko (bgr)
- Kang Tantan (bgr)
- Kang Rezza (bgr)
- Kang Dudi (bgr)
- Téh Anna (bgr)
- Téh Mia (bgr)
- Barudak Lingkung Seni Gentra Kaheman IPB
- Barudak HIMALAYA (paguyuban tasik)
- Kang Tirta (jkt)
- Kang Ikmal + Téh Ani (jkt)
- Kang Maman Gantra (jkt)
- Téh Imas (jkt)
- Kang Miih (jkt)
- Kang Maman (jkt)
- Kang Agus Azzo (jkt)
- Kang Badru (jkt éks Jambi)
- Kang Irfan (jkt)
- Teh Ina Ratnawulan (dépok)
- Téh Tia (dépok)
- Téh Gia (cikarang)
- Téh Titi (cikarang)
- Kang Kumi (jkt/bdg)
- Téh Iva Wanti (bandung)
- Téh Mpup (bandung)
- Kang Boim (bandung)
Perkawis rute :::
# ti Ciawi ( naek angkot 01)>>terminal Bis Baranang
siang--(naek 03)>>terminal BUBULAK--(*naek 05)>>
Kampus Dalam IPB nu arah ke cangkurawok--Pondok
sengked
# ti Terminal Bis Barangsiang (naek 03) >> terminal
BUBULAK--(*naek 05)>> Kampus Dalam IPB nu arah ke
cangkurawok--Pondok sengked Adisanggoro
#* Ti Stasiun Bogor - ti payuneun matahari (naek angkot 02,03)
>>terminal BUBULAK--(*naek 05)>> Kampus
Dalam IPB nu arah ke cangkurawok(jembatan)--Pondok
sengked Adi sanggoro
katerangan : *naek 05
angkot 05 teh aya 4 jurusan :
1. Anu ka leuwiliang
2. Anu ka ciampea
3. Anu ka Jasinga
3. Anu ka Kampus dalam (pangkalan angkot)
4. Anu ka Kampus dalam (cangkurawok(jembatan)) >>> ((arah tempat
KOPDAR)
*** tah milih angkotna nu jurusan cangkurawok....
bilih nyasar mah nelpon we ka Kang Runa & Kang Rezza ***
----------------------------------------------------------------------
Bogor....bogooor.....
Mangga Kang ! Téh, kosong kénééééééééééh........
géséran sakedik...éta murangkalihna punten dipangkon wé...
Bogor....bogooor.....bogooooooor...
----------------------------------------------------------------------
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today!
http://us.click.yahoo.com/O4u7KD/FpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/