sae kang
roisz eusi surelek teh sim kuring sapendapat, intina urang teh kedah
introspeksi ka diri nyalira, lamun urang teu kompak sareng
bersatu nyanghareupan persoalan siga kieu tangtuna oge rahayat anu jadi
korban; kriminalitas, pengangguran dimana2, sok ayeuna mah urang rojong
pamarentahan nu aya sangkan nu goreng jadi alus, nu alus jadi léuwih alus, urang
bantos ku du'a, mugia bangsa urang kiat nyanghareupan persoalan nu model
kieu. amien....
-----Original Message-----teu daya teu kawasa
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]On Behalf Of roisz
Sent: Tuesday, August 30, 2005 2:13 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Hebat Pamarentahan SBY sagalana aya paningkatan
keur ngomentaran nu aya
nu kalaku, boh nu kaliwat boh nu bakal datang
rumasa jadi jelema teu ngarti
ngan saukur ninggali
rumasa jadi jelema teu boga
sagala ge saaya-aya
rumasa can asa dewasa
asa teu bisa-bisa
nu ngarana manusa ngan bisa ninggali saayana, teu bisa ninggali naon nu aya dina hate jeung pikiran manusa lianna.
SBY ayeuna keur dirundung duka, ieu bangsa ripuh kacida. karek sataun di istana, capek taya duana. teuing sabaraha lila sarena, teuing geus sabaraha lila teu maca buku favoritna, teuing iraha panggih ilubiung campur gaul jeung tatangga deketna, anakna, babaturanana.
Mega, keur era kacida, partai PDI keur lieur kacida, turun tina tahta kulantaran eleh ku mantan babuna. hese ngaikhlaskeun kaelehanana.
Gusdur, istirahat, menuai kritik, pasti sok beda, mahiwal jadi pasipatanana.
Habibie, di Jerman keur naon? indit ti lemah caina kulantaran euweuh nu ngahargaan didieu, dimanja ku batur, dipopohokeun ku bangsana.
Soeharto, rek sakumaha badag dosana, rek sakumaha kejam andika baheula, na jero hate kuring mah kuring yakin yen anjeun kaduhung taya duana. nyesel, tapi da kudu kumaha.
Soekarno, sing ditampi amal ibadahna ku nu maha kawasa.
kuring mah ngan bisa ngahaturkeun nuhun ka aranjeunna, maju mundur bangsa aya dina campur kadua lengenna. aya dina cape maranehna, da ngarumasakeun ngan bisa menta jeung hayang hirup ngenah, ngabayangkeun gaji gede gawe saeutik siga dina senetron.
Kuring mah ngan bisa salut, da kuring mah teu mammpu jadi peresiden.
lepas kana sagala kagorengannana, urang kudu turut ngabantu, minimal ku du'a sangkan maranehna salamet, sarehat, lain kalahkah digogoreng.
BBM naek, da urang oge nu boros,
listrik parem, da urang oge nu hayang maju
dollar naek, da urang oge nu mareulian
cag ah
On 8/30/05, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Upami ningali macet nu unggal usik, dimana BBM dipiceunan teu puguh,
kuring kadang-kadang satuju BBM teh kudu naek. Ngan nyaeta sok
ngemut kumaha lamun naek sapedah wae kitu ka kantor? walah ...kantor
kuring aya di bandung kaler, jalanna naek, datang ka kantor teh
meureun luut-leet kesang kudu mandi heula ....hehehehe.
Aya usul ti pamajikan, meuli motor we, supaya irit. Motor enya irit
keur individu mah, tapi tetep we boros BBM ari sarerea naek motor
mah, sabab panumpang motor mah ngan duaan.
Sarerea naek kendaraan umum kitu? hayu ......ngan nyaeta kudu ati-
ati nyekelan tas jeung saku, bisi aya copet ....
Jadina teh teu aya pilihan .......
Baktos,
WALUYA
--Roisz Tèa
Mugia Urang Balarèa Aya Dina
Ginulur Karahayuan Ginanjar Kawilujengan
Nu Dirahmatan Ku Gusti Nu Maha Suci
http://www.roisz.multiply.com
This message (including any attachments) is only for the use of the person(s) for whom it is intended. It may contain Mattel confidential, proprietary and/or trade secret information. If you are not the intended recipient, you should not copy, distribute or use this information for any purpose, and you should delete this message and inform the sender immediately.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

