Serab? ah teu serab kuring mah kang Yudi. Kuring malah acan nincak-nincak
acan ka nagara urang Kristen teh (lamun arek disebut nagara Kristen). Kuring
mah posting ieu teh, pedah eta we ngarasa urang sunda, Muslim jeung tukang
apruk-aprukan, ka asup ka daerah-daerah non-muslim. Kulantaran kuring kungsi
ngarasa jadi "minoritas" di tempat nu mayoritasna non-Muslim, ngarasakeun
kumaha teu ngeunahna jadi minoritas teh. Rek shalat jumaahan wae, kudu
kukurilingan neangan masjid teh. Jadi minoritas di nagara saperti di
Indonesia, sarua jeung warga nagara kelas dua. Lain wae minoritas di
mayoritas Muslim, tapi oge sabalikna, jadi minoritas Muslim di tempat nu
mayoritasna non Muslim. Aya Muslim di Bali nu kakara pindah, kulantaran
anakna maot, teu bisa nguburkeun anakna di Bali, kulantaran urang Bali teu
mere tempat keur kuburan, menta tulung ka kumunitas Muslim di Bali, sarua
teu dibere tempat, da cenah tanah kuburan eta ukur keur komunitas maranehna,
teu meunang keur urang luar. Nyieun masjid di NTT? sarua hesena jeung nyieun
gareja di tempat di mayoritas Muslim. Tah kuring mah nginget kadinya, kumaha
rasana lamun urang jadi "minoritas". Kulantaran kajadian soal Gereja ieu di
Bandung jeung di Jawa Barat, ieu mawa efek kana "image" urang sunda ti etnis
sejen nu non-muslim. Kumaha lamun urang sunda nu ngumbara di daerah nu
mayoritasna non-muslim diteken jeung dikakalakeun?

Soal gereja teu resmi, imah dijieun tempat ibadah, sarua kuring oge henteu
satuju (tiasa ditingali postingan kuring di Kusnet atawa  postingan kuring
di millis Wanita-Muslimah taun kamari)  tapi nyarekna lain kitu, make
ngancam jeung sagala rupa, "image'na jadi goreng. Kulantaran kuring mah di
Bandung, jeung imah lanceuk kuring deukeut jeung salah sahiji gereja nau
dipaksa ditutup (kuring oge boga imah di daerah eta, ngan dikontrakeun),
kuring terang eta Gereja teh geus lila ayana didaerah dinya teh, masyrakat
di daerah dinya teu pati paduli ku ayana gereja ieu, buktina teu dinanaon ti
baheula (sanajan meureun teu boga izin). Naha ayeuna make diserebu? emut nu
nyerebu teu jeung  pulisi, pulisi nembe sumping saatosna aya kajadian
kaributan.

Kuring mah rumasa kurung batok, acan kamana-mana, henteu terang mancanagara,
ngan kuring mah sakapeung sok aneh, kunaon geuning urang Msulim di
nagara-nagara Barat baretah wae caricing di nagara-nagara eta, henteu
ngarungsi ka nagara-nagara Muslim ari dteken mah?. Padahal apan Muslim di
nagara-nagara Barat teh lolobana mah imigran, lain asli urang dinya? Leuwih
aneh deui, waktu kuring nguping wartos yen markas Hizbut Tahrir teh ayana di
London, lain di Timur Tengah da di nagara-nagara Timur Tengah mah cenah teu
meunang. Padahal HTI di Indonesia mah, mani anti pisan ka "barat" teh. Oh,
ulah hilap Ayatullah  Khomaeni oge, waktu mimpin ngagulingkeun Syah Iran
(bonekana Amerika), lain di nagara Islam, tapi di Perancis!

Tah kitu kang Yudi, Kirang langkungna mah sim kuring nyuhungkeun dihapunten.

Baktos,
WALUYA


----- Original Message -----
From: "Yudi Irmawan" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Wednesday, August 31, 2005 4:59 PM
Subject: [Urang Sunda] Re: Serabbb euy .....


> Ieu teh meureun aya hubungannana jeung ribut "ditutupna" gereja di
> Bandung tea nya? Mung aya 3 komentar:
>
> Numutkeun berita mah eta teh imah nu dipake jadi gereja, padahal
> rahayat sabudeureunna geus teu panuju jeung nu boda imahna bedegong
> ka masarakat (ke dipilari heula). Nu nutupna oge pulisi, da pan aya
> SKB-na nyieun imah ibadah teh (alias MILU HUKUM nu aya). Milu hukum
> di jejeleh (baca: difitnah) teu toleransi. Ari nyieun patwa, kudu
> milu hukum ceunah, ulah samanea! Kumaha ieu teh?
>
> Kaduana, mun rek ningali kaayaan umat Islam di luar, ulah di hiji
> nagara we. Ari nu alus di punjul2 ari nu teu alus ngahephep..
> Tingali sacara umum. Katiluna, pan disebutkeun di dinya bisa jadi
> nyewa, jadi meureun lain ku ntoleran2 teuing, tapi MEUREUN ku duitna.
>
> Na asa serba salah nya jadi Muslim. Asa gampang pisan di-curigesyen
> ku dulur sarua Muslim deuih!. Padahl mah aya kawajiban tabayyun tea
> (cek n ricek) info nu sabenerna samemeh nuduh dulur sorangan "teu
> toleran"; teu memfasilitasi" jrrd. Komo deui meureun ku batur mah...
>
> Na ari ka batur, gampang pisan husnudon teh...
>
> Saha eta teh? ah Abdi ge kalebet meureun nya? Serab tea ku
> kecap "inklusip"; "Modern"; "Toleran"; "Bebas" meureun nya?
>
> Baktos,
> Yudi
> Ke sang teuangan heula beritana...
>



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
1.2 million kids a year are victims of human trafficking. Stop slavery.
http://us.click.yahoo.com/X3SVTD/izNLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke