Saleresna mah, nu ku abdi disorot kamari teh sanes bah willy-na tapi
eusi email porwardna. Tapi memang nu forward pasti kapteo. Sababna
abdi ngawales kitu kana eusi eta posting, kulantaran ceuk kuring
posting samacem kitu sanajan siga alus, ngandung dua masalah
prinsip:
Masalah kahiji ngeunaan runtuyan logikana. Di paragraf kahiji
dijelaskeun kaayaan salasa-HIJI komunitas muslim (<500 urang) di
HIJI komunitas (gereja katolik) di HIJI kota (Toronto) di HIJI
nagara (Kangnada) nu dijadikeun pamuka pikeun nanya (ngagugat?)
kaayaan umat Islam (200-jutaan) sa-nagara sacara umum: "Sudahkan
kita di Indonesia memfasilitasi.....". Kalimah ieu jadi beda nadana
kulantaran konteks ayeuna nu keur ribut masalah Ahamadiyyah jeung
kasus Bandung. Runtuyan logika siga kieu ceuk kuring mah sagawayah.
Sabab lamun make logika ieu, kuring bisa mere conto kasus nu
patukangtonggong: ti zaman inkuisisi-na Raja Ferdinan di Spanyol,
kasus Masjid Babri di India, Palestina, nepi ka Bosnia, Maluku,
Iraq, panganyarna Jerman rek ngalarang jilbab 2006!! Can deui kasus2
level pribadi, moal aya eureunna meureun!
Kadua, masalah materi nu teu imbang mun enya eta posting pakait
jeung kasus Bandung/Ahmadiyyah. Kasus Bandung/Ahmadiyyah aya muatan
hukumna kulantaran aya pihak nu kabeuratan (tur aya dasar hukumna)
ku kalakuan pihak sejen! Ieu masalah hukum, kunaon dibandingkeun
jeung "transaksi sosial" lain nu DUA2na papada suka alias euweuh
pacongked hukumna! Komo deui manehna nyebutkeun yen gereja teh
dipake "entah disewa entah diikhlaskan"!! Lain transaksi sosial deui
meureun tapi transaksi ekonomi! Tah-tah, balik deui, kunaon nu beda
kieu dipake ngukur toleransi umat Islam sa-Indonesia!!
Poin nu kadua tiasa dijadikeun ngawaler patarosan kunaon muslim
cicing di nagara lian. Abdi balik naros, kunaon teu meunang? Urang
Pakistan di Inggris lain datang ngajajah atawa cicing2 terus ngaku
jadi urang Inggris. Tapi loba di antara manehna nu datang ka Inggris
ku proses naturalisasi (baheula pas dimerdekakeun ku Inggris BISA
MILIH jadi WN Pakistan atawa WN Inggris). Hizbut Tahrir aya di
Inggris jadi ormas resmi, terdaftar, jeung milu hukum di Inggris.
Artina, euweuhna masalah di dieu ka sabagean kusabab minoritas
Muslim TAAT HUKUM! Lain samata2 kulantaran urang barat toleran2
teuing. Malah saenyana mah sacara sosial-Politis, loba keneh jalma
rasis di nagara2 Eropa. Contona partey ultranasionalis di Inggris
(British National Party), di Belgia jeung Belanda mulai populer
deui.
Pangpandeurina, mun abdi ngiringan logika ngeunaan urang SUnda tea,
kasus antar umat agama di TSunda lain ayeuna we. Conto sejen: emut
kasus wanoja nu dititah ngepel supermarket make jilbabna di
Purwakarta? atanapi kasus keluarga Warsih(?) nu di kalakaya tur
dipaksa murtad? Atanapi kasus "Pondok Jemaat Nabi"? Atanapi kasus
pemurtadan di HaurGeulis? eta sadaya di Tatar Sunda! Naha teu aya nu
manghariwangkeun US di tempat lain ku ayana kasus2 ieu? Atawa
minimal dua2na disebutkan lah, ngarah imbang!
Punten, sanes bade ngajago mela2 agama. Mung hoyong ngajaga
kayakinan sorangan we. Hese geuning da media2 level nasional/
internasional mere berita lolobana make make sudut pandang liberal/
sekuler nu gede pangaruhna kana persepsi balarea. Tos hese kieu, aya
sawatara Muslim (nu dimaksad sanes Bah Willy) nu bisana kritis pisan
ka papada Muslim wungkul; tur kritisna teh make tolok ukur Barat
PLEK KURALEK. Makana abdi nyebat jelema kieu teh jelema2 serab!!
Sesat?? Taroskeun ka nu gaduh elmuna..
Baktos
Yudi (di handap aya berita nu dijangjikeun, punten ka nu tos nampi).
Kapolda,"Tak Ada Gereja yang Ditutup Paksa"
http://www.pikiran-rakyat.com/cetak/2005/0805/25/0314.htm
BANDUNG, (PR).-
Kapolda Jabar Irjen Pol. Drs. Edi Darnadi menyatakan, di Jawa Barat
tidak ada penutupan paksa sejumlah gereja di wilayah Jabar. Kalaupun
ada, pasti tidak akan membiarkan hal itu terjadi karena bertentangan
dengan hukum.
"Di Jawa Barat, tidak ada penutupan paksa sejumlah gereja. Mohon
dicatat, ya!" kata Edi, kapada "PR", Rabu (24/8). Hal senada
ditegaskan Kepala Kantor Wilayah Departemen Agama Jabar H. Iik
Makib, Lc, ketika dikonfirmasi.
Sementara berita yang beredar belakangan, bahwa Polda Jabar dan
jajarannya disebut-sebut membiarkan pihak-pihak yang bertindakan
anarkis terhadap umat Kristiani yang tengah melakukan ibadah. Tempat
ibadah yang disebutkan dipaksa ditutup itu adalah rumah ibadah di
pos kebaktian Gereja Kristen Pasundan (GKP) di Cisewu, Garut, GKP
Ketapang Kab. Bandung, GKP Dayeuh Kolot Kab. Bandung, dan GKP di
Citeureup, Bogor.
Menurut kapolda, saat ini sedang mengumpulkan bukti-bukti soal kasus
yang terjadi di beberapa daerah, termasuk di Kota Cimahi. Dengan
demikian, dia membantah bahwa kepolisian membiarkan kasus itu
terjadi sehingga mencederai hati umat salah satu agama. Jika polisi
membiarkan tindakan anarkis, tentu bertentangan dengan UUD 1945,
khususnya
mengenai kebebasan beribadah.
Kondusif
Sementara itu, Kakanwil Depag Jabar H. Iik Makib membantah ada
gereja ditutup di daerah Perumahan Permata Indah, Desa Tanjungmulya,
Kec. Ngamprah, Kab. Bandung. "Yang benar bukan penutupan gereja,
karena di sana tidak ada gereja. Aparat Polsek Ngamprah menutup
rumah warga yang dipakai untuk tempat peribadatan," kata Iik, ketika
dihubungi melalui telefon selulernya.
Menurut Iik Makib, Kanwil Depag Jabar beserta dengan Bimas Kristen,
Kandepag Kab. Bandung, dan aparat terkait, langsung terjun ke
lapangan setelah menerima informasi. "Rumah yang dipergunakan untuk
tempat peribadatan di tengah-tengah masyarakat mayoritas Muslim,
tentu akan menimbulkan protes. Akhirnya, warga mendatangi Polsek
Ngamprah yang kemudian menutup kegiatan di rumah itu," ujar Iik.
Ia juga menampik telah terjadi tindak kekerasan dalam menutup rumah
yang dijadikan tempat ibadat oleh enam sekte Kristen itu. "Tidak ada
kekerasan, malah situasinya kondusif, saat aparat kepolisian
menutup," katanya.
Disebutkan Iik, Kepala Bimas Kristen Kanwil Depag Jabar Drs.
Nainggolan telah mengirimkan surat kepada Kanwil Depag Jabar pada 24
Agustus. "Surat itu berisi kronologis kejadian termasuk penjelasan
enam sekte Kristen yang memakai rumah itu. Jadi, semuanya kondusif
dan tidak ada masalah lagi," jelasnya.(A-71/A-112)***
************************************
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/ons1pC/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/