Teh Ika, cenah mah, mithos nu diciptakeun kunu keur kawasa, memang dihaja
supaya rakyat nurut ka maranehna. Nu kawasa peryogi mithos kanggo
ngalegimitasi jeung ngalanggengkeun kakawasaananan, nya diciptakeun mithos
anu aheng-aheng. Contona saha nu teu sieun ka raja, da pamajikanana oge
bangsa lelembut.

Di urang sunda oge aya, mithos soal PRabu Kean Santang nu  cenah turunan
Prabu Siliwangi. Aya oge nu nganalisa (punten lain kuring ...hehehehe),
cenah mah mithos ieu teh ngahaja dijieun, keur kapentingan dina ngawasa
Tatar Sunda jeung nyebarkeun agama anyar (Islam). Mithos ieu cukup mujarab
agama Islam sumebar di tatar Sunda, henteu make cara heuras.

Di jaman ayeuna oge, mithos tetep aya. Bung Karno dibejakeun boga keris
emas. Kartosuwiryo cenah mah boga bedog sakti mandraguna jrrd. Jadi
katingalina mah mithos keur bangsa urang .......masih diperyogikeun
....hehehehee

Baktos,
WALUYA


> Kalakuanana oge bohongna panginten nya. Da leres eta teh dipercanten
> janten kayakinan. Boh dina sajarah resmi (ilmiah) anu nyarioskeun
> kayakinan eta oge dina novel sajarah (Y.B Mangunwijaya), sareng cairosan
> teh sami. Abdi parantos ningal di Pantai Parangtritis, ngalangkungan
> lautan pasir, ningal patilasan tempat tepangna Panembahan Senapati sareng
> Nyai Roro Kidul.
> Saurna Nyai Roro Kidul teh sok angkat ka Gunung Merapi nganggo kareta
> kancana ngalangkungan Sungai Opak. Ah, pokona mah aheng pisan.
> Salam,
> ika
>



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
1.2 million kids a year are victims of human trafficking. Stop slavery.
http://us.click.yahoo.com/X3SVTD/izNLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke