Wa'alikum salam wr wb.,
 
Dulur-dulur sadaya, haturan tepang deui ti saprak aya kana samingguna si kuring henteu baceo di milist. Hampura anu kateda, jalaran dina salami saminggu teh, sakumaha anu diiberkeun ku Kang Akos, nyakitu, si kuring leuwih loba meakeun wktu di darat. Urang tumbu catur perkara lalampahan ka Sumedang-Cakrabuana-Panjalu tug nepi ka Garut ieu.
 
Enya si kuring kamari poe Rebo ngadong nuturkeun indung suku, lunta ka wewengkon Sumedang-Cakrabuana-Panjalu tug nepi ka pasantren luhur Al Wasilah di Garut. Alhamdulillah, lalampahan teh lancar teu aya halangan harungan di jalan, jeung, loba anu kapanggih. Sugan aya tanaga urang dongengkeun di dieu singgetna.
 
Ka Sumedang taya lian zaroh ka situs-situs anu aya di dinya anu upama bendungan Jatigede jadi diwangun eta patilasan-patilasan teh baris kakeueum. Ulah buru-buru suudzon ka anu mindeng zaroh. Saha anu terang, ti antara maranehna teh aya anu milarian luluhur, aya oge anu nuju ngadata sajarah bari nyambungkeun silaturahim. Apan ceuk dina Al Qur'an oge duduluran antara jalmi-jalmi anu ariman mah teu kawates ku alam, tegesna nyambung ti kawit alam lahir nepi ka alam batin. Atuh ayana pajaratan-pajaratan, nya ieu pisan anu dipikasieun ku anu ngajajah baheula, sabab panglawungan di tempat-tempat anu ngandung ajen sajarah, dina raraga mieling kapahlawanan anu dimakomkeun di eta patempatan teh sok jadi hiji pamiangan keur ngalawan pangjajah; jadi hiji hawu anu ngagedurkeun sumanget barontak kana pangjajahan. Lebah dieu harti zaroh anu keur dileukeunan teh.
 
Patali jeung Sumedang, apan aya rencana nyieun bendungan Jatigede tea anu baris neuleumkeun pusara luluhur urang Sumedang. Anu kapanggih bae catetana kamari, aya 60 situs urang Sumedang-tunggal urang Sunda keneh (bayangkeun lamun kuburan luluhur urang anu dipihormat ku urang baris kakeueum, apan urang meureung sedih). Tina anu 60 teh 4 patilasan penting kamari Alhamdulillah kalongok. Ayeuna data anu 60 ieu keur disusun jeung digambarkeun dina kar (peta). Foto-foto nya nyieun ari nyieun nah mah, tapi teuing jadi henteu na mah, maklum si kuring teu boga kamera anu hade, ari rek nginjeum ka saha bae kamari teh teu kaburu, maklum pok-pek-prak tea jurusna.
 
Di Panjalu....asana aya raratan Sanghiyang Bunisora duka Sanghiyang Borosngora anu nganteng nepi ka alam kiwari. Keun engke sakalian nohonan uleman upacara adat bulan rewah, sugan pareng kadinya deui, seja diteang deui. Anu jelas cenah, anu lahir teh waruga tina anu batin. Ulah kabengbat teuing ku anu lahir, tapi perlu merhatikeun anu lahir. Mataholang mah tetep bae anu batin. Urang mah lain rek neangan, tapi rek nyampeur.
 
Hampura, upama dulur-dulur bingung, sarua kuring oge bingung. Eta mah sakadar nepikeun ti salah saurang pupuhu lalampahan kamari.
 
Di Garut: Horeng geus nepi ka dinya Kang Ajengan? Nuhun atuh, pamugi bae pelatihan pesantren jeung alam kakiwarian teh leres-leres tiasa ngabuktikeun yen di alam pasantren mah teu aya "menara gading". Pamugi sagala rupi usaha Kang Ajengan pikeun revitalisasi dunya psantren tiasa kahontal. Si kuring mah ukur mantuan ku do'a bari jeung prak nyambung-nyambungkeun anu kahontal migaweanana. Kitu bae bari ngaharewos ti anu suni.....Ngan...edas...eta wangunan aula anu tina awi...Abah Olot ngaharewos: boa-boa ieu Saunggalah teh, sabab apan sarua tina awi ieu si saung diwangunna teh. Duka teuing...kumaha geletuk batuna, kecebur caina bae. Keu  urang teang deui.
 
Cag heula.
Baktos,
manAR 
 
 
 


 
On 8/31/05, akos kosasih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Asmk.wr.wb.
 
Wilujeng enjing baraya sadayana.
Enjing-enjing sim kuring nampi sms ti kang Oman Abdurahman (Manar). Ayeuna anjeuna nuju zaroh ngalongokan kabuyutan-kabuyutan anu aya di Tatar Sunda maturan salah saurang sepuh urang (Abah Rahmat/Abah Olot/Aki Bedog). Anu parantos dianjangan diantawisna anu di sabudeureun Bogor-Cirebon-Kuningan.
Dinten ieu si Mama nuju ka Sumedang-keun bade ngalongok Jatigede-Situraja-Sumedang-Panjalu.
Kukituna, anjeuna nyunkeun pidu'a ti sadaya baraya mugi-mugi dina waktos panyabaan ieu anjeuna saparakanca kenging barokah ti Gusti Alloh SWT teu aya halangan harungan. Amin.
 
Wassalam,
baktosna akos 
 
 
 

__________________________________________________
Apakah Anda Yahoo!?
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam
http://id.mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke