Hehe... ari ceuk kuring mah, ngeunaan mitos jeung sabangsana, mun urang bisa nyiar/neuleuman hikmah nu aya dina eta carita, teu pisan2 kudu ngamuara kana sikep nu goreng. Estu dina eta rupa2 mitos nu aya di sabudeureun urang teh, aya hikmah anu bisa dipake eunteung. Mangga uningaan tapsir2 ngeunaan mitos2/legenda2na tea, tiasa dipilari di Sundanet.com (misalna, ngeunaan tapsir carita Sang Kuriang ti Abah Surya).

jk

On 9/1/05, Whisnu Budhysantika <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hehehehehe.....
Aduh punten hilap sumber na kang, ke dipilari heula! Da abdi ge tos lami
eta teh ngaos na sareng tos rada lami deuih ngobrol - ngobrol perkawis
eta teh, pami teu leupat mah taun 2001-an, da abdi ge waktos eta the
nuju kuliah keneh, ke dipilari heula! Ke diuningakeun insyaallah!

Tapi perkawis lutung kasarung mah sami sareng sangkuriang digunakeun ku
walanda kanggo "maehan" urang sunda! Janteun pami urang sunda macem2,
ceukap di paehan ku "dasar silaing mah turunan monyet!" (lutung
kasarung) sareng "dasar silaing mah turunan anjing!" (sangkuriang).


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke