--- In [email protected], "R. Duli Dimyati D." <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> Perkawis kaayaan umat muslim sareng nu sanesna...anu ceuk ieu di dieu
> mah kieu, anu ceuk itu di ditu mah kitu...
> Ari kitu mah anu mana nu bener teh?
> Mana anu bisa dipercaya?
Punten ah mairan.....,ari ceuk pamendak Sim Kuring mah,anu
leres teh anu Rengkak saparipolahna,saluyu tur salaras sareng sifat
Gusti Allah SWT. Sapertos kieu....,unggal Urang bade
Tuang,Leueut,midamel anu kedah di damel...,sareng sajabina,sabage Umat
Muslim...tos sakedahna dingawitan ku
ngaos "Bismillahirahmanirahim",anu mana upami di Sundakeun
mah "Kalayan nyebat Asmana Allah anu Maha Welas,tur Maha Asih ".
Tah ari ngaosnamah kitu panginten...,langkung sae upami sareng prakna
dina Kahirupan saDidinten mah.
Gusti Allah SWT Maha Welas tur Maha Asih,naha matak naon upami
sarengkak saparipolah Urang sadaya,salaras sareng Sifat
Mantena ??,mung bentenna mah rupina kieu: Ari Gusti Allah SWT mah Maha
Welas tur Maha Asih,Urang sadaya sabage Mahlukna..,cekap ku
ngajalankeun Sifat Welas Asih ka Diri Urang Pribadi boh ka Sasama,da
anu sagala Maha mah anging ti Gusti Allah SWT.
Leuuuhh...upami kitu mah panginten,Ucap sareng Lampahna teh bakal
tiasa di sebat Saluyu tea,henteu dina Ucap"Welas Asih",ari ka Sasama
meni silih beubeutkeun,Batur salah Urang Bener.
Sok padahal aya dina Basa Sunda "Silih Asah silih Asih silih Asuh",nya
kamana leosna atu eta kecap teh ??.
Aya conto sakedik...,manawi kaanggo :
"Aki...ngeunah nya mun dahar Cau wayah kieu yeuh ",cek Hiji Bu
dak ngora ka Akina.Bari ngareret ka Incuna,atuh pok eta si Aki
ngajawab "Hayang Cau nyah Maneh teh ??,ke dagoan heula,rara
saan mah aya keneh di Goah".Cek si Aki bari asup ka Goah rek ma
wa Cau siganamah.
Teu lila si Aki kaluar"Tah Ujang...,kabeneran aya keneh gening,
ngan samemeh di dahar,cik..rek milih nu mana Cauna ??".
Eta pangna si Aki nitah milih kitu teh,kusabab gening aya Tilu
kaayan Cau,Cau atah,Cau Asak,reujeung Cau buruk.
Atuh puguh we eta si Budak ngora teh milih Cau anu asak,henteu
anu atah atawa anu Buruk. Ningali kitu,pok si Aki nyarita"Ujang,
naha make milih anu Asak ??,lain anu Buruk atawa anu Atah oge
Cau keneh ??".
Rupina anu dimaksad ku si Aki teh panginten kieu :
Dimana Urang bade nuang Cau,seleresna sanes Cau anu diperyogikeuna
teh,namung Rasa na.Rasa anu ngancik dina Cau Atah,Cau Asak sareng Cau
buruk,sanaos sami Cauna Cau Ambon,tinangtos benten.Sugan aya anu resep
nuang Cau Buruk ??...atanapi anu Atah ??,asa pamohalannya.
Sanaos sami anu di Aosna,namung....nyata atanapi henteuna,aya di Urang
nyalira.
Anu sok rame silih agulkeun mah,nya rupina anu di tingalina Cau,sanes
Rasana.
Ah naha ieu teh kalahka panjang nya,hapunten Sim Kuring,bilih aya anu
kasigeung,Sim Kuring nyerat kieu teh,estu bakat ku hanjelu,ku kaayaan
mangsa ayeuna,sapamadegan sareng Bapa R.Duli Dimyati D,anu
hemeng ,naha anu mana anu tiasa di percanten teh ??,piraku ari kedah
mercanten Cau mah ??Wassalam.
Nb: Kade ah....ulah abong Sim Kuring nyarioskeun Cau,ari der teh pajar
Sim Kuring Bandar Cau.
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Help Sudanese refugees rebuild their lives through GlobalGiving.
http://us.click.yahoo.com/V8WM1C/EbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/