Assalamu'alaikum.
Haturan baraya US, mugia aya dina ginanjar kawilujengan salawasna
dina panangtayungan Gusti Alloh nu maha suci. Amin.
Tadi lohor, jumaahan teh di masigit pengkereun rorompok (lebah
jl.Ciateul). Geus lila tara salat jumaah di masigit ieu teh da biasa
na mah di kantor bae, kabeneran poe ieu teh libur rajab. Masigit
namah leutik asup 40 an jelema, meuereun bisa oge di sebut Tajug
(naon tah bentenna masigit jeung tajug kang dur?). Ari kabiasaan di
ieu masigit teh hutbah made basa sunda di ditu mula jaman kuring SMP,
nu sok ngeusi teh biasa na mah di pasantren pajagalan. Nguping hutbah
ustadz ku basa sunda (aya meureun sataun tara nguping hutbah basa
sunda), beu aya ku teleb, anteb keuna kana mamaras, estu basa sunda
mah mun dikupingkeun ku urang sunda papagon teh teleb anceb. Komo
pedaran nu di guar teh aya patula-patalina sareng karirupan modern.
Nyaan tah ustadz teh bisaan, babasana pugeh entep seureuhna
kalimah-kalimahna lantip, atuda sarjana agama oge sunda pituin.
Kuring jadi inget mangsa katukang, di bandung kungsi aya iber
jumaahan dina basa sunda, mun teu salah mah angaranana oge 'Iber'.
ayeuna mah geun tilar, teu terbit deui, sarua harita ge mun ngaos
hutbah basa sunda teh karasa anteb,teleb.
Tah kukituna abdi aya pamundut ka sadaya baraya di US, kumaha lamun
urang biasakeun dina tiap jumaah aya serelek ti ustadz2 nu aya di
bakus (kayaning, Ua Sas Kang Dur, Kang Deny, Kang Kumi,kang Mj,Ayi
Rois,Ayi Boim jrrd), katingalna seueur baraya US tia sarae
pedaranana, atanapi kuncen nu aya giliran wae kitu ?
Teu kedah panjang tapi mangrupi papagon hirup nu kaalaman sapopoe,
mutiara basa kitu. (gontum- papagon tujuh menit??),
Atanapi cutatan ti nu lian oge bisa mung kedah dina basa sunda, pan
ngarah anteb tea.
Kumaha tah, Ua kuncen..
Hatur nuhun, neda pangampura pami aya babasan nu kirang merenah. Mugi
Gusti teu weleh nyingraykeun lalangse hate, nuduhkeun
jalan-jalan-Mantena, Amin
Wassalamu'alaikum-DR
____________________________________________________
Start your day with Yahoo! - make it your home page
http://www.yahoo.com/r/hs
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a difference. Find and fund world-changing projects at GlobalGiving.
http://us.click.yahoo.com/j2WM0C/PbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/