****************************************************
Assalamu'alaikum
warohmatullohi wabarokatuh!
Kalayan Nyebat Asmana Alloh!
Sampurasun!
Haturan Baraya KUSnét saalam dunya!
Pamugi sakumna Ki Sunda aya dina ginanjar kawilujengan, amin!
Baraya … ngauninakeun baé ieu mah.
Réhna kami, Balad POESAKA
SOENDA parantos ngadegkeun rohangan, minangkana mah amparan pikeun ngaludang
Serat Kabar POESAKA SOENDA(PS) ti Juli 1922 – Oktober 1927, nu parantos
kapendak ku yasana Kang Ganjar Kurnia.
Saéstona amparan ieu téh masih bagéan ti lajuninglakuna salah sahiji hancaan
bareng KUSnét, teu sing mun jadi tandingan pikeun Babakan KUSnét.
Anapon jéjér nu aya dina ieu rohangan téh tayalian pikeun Balad KUSnét nu
sanggem kapancén tugas kanggo ngetik ulang PS dina waktos nu parantos
ditangtoskeun.
Ieu hasil hancaan téh seja disanggakeun ka Ki Hasan pikeun dilebetkeun ka
ramatloka KUSnét sangkan tiasa ka aos ku balaréa.
Ku kituna kahatur baraya KUSnét di sakuliah dunya, ti suklak ti siklukna sim
kuring sabagé wawakil Balad PS ngulem ka sing saha baé nu
kagungan waktos kanggo réréongan nga-"transkrip" ieu PS pikeun
kamangpaatan urang saréréa.
Sumangga dihaturan linggih di ramatlokana PS http://groups.yahoo.com/group/POESAKA_SOENDA/ atanapi geusana ilubiung kintun baé serélék Andika ka [EMAIL PROTECTED]
Sakitu nu kapihatur.
Balungbang timur, caang bulan opat welas jalan gedé sasapuan.
Bahé carék, neda tawakupna baé!
Rampés!
-Ki Adi-
Samudaya pupujian saéstona
pikeun Alloh!
****************************************************
--
***********************
Bilih kagungan waktos, hayu urang ngeureuyeuh Poesaka Soenda tea.
Ramatlokana di dieu http://groups.yahoo.com/group/POESAKA_SOENDA/
Sejana ilubiung kintun bae ka [EMAIL PROTECTED]
************************
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

