--- In [EMAIL PROTECTED], "Asep Oeking" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
Baheula  kungsi aya harewos samemeh bray beunta:

Sok sanajan pileumpangeun teh tarahal ku batu satangtung, jeung 
sasak 
teh jerona satungtung deuleu, kuring  ngarasa tengtrem aya dina 
akodan 
nu jadi nini, ebreh pisan bedasna paniatan jeung rohakana wawanen nu 
jadi nini ngebrehkeun carita yen anjeuna lain jalma samanea.

Bada lohor dua desa geus ka liwatan, nya anjlog kapangreureuhan, 
naha 
dimana atuh paniatan teh?, Beu ! gening nya hiji tajug paniisan 
disagigireun pancuran tujuh tempat wudhu jeung leuwi saketeng  
tempat 
pangguyangan wali, jeung satukangeun nanateh gening, ngeplak pare 
alaeun.

Naha kamana ari Aki jeung nini Kantayan tani, da Paibuan jeung 
Paramaan mah geus mere baju burkat hejo lumut keur purakeun di 
pasimpangan.
Beu!!  naha bet teu kareungeuh : " Aki..!!, Nini!, hampura kuring 
cologog,teu sanuk-sanuk tumorojog tanpa rarapan".

Naha si Nini jeung Si Aki Kantayan tani teh teu nyarita tapi 
kaharti, 
yen kuring teh can waktuna anjlog ka eta padumukan, malahmah di 
jajapkeun ka panto lawang saketeng barijeung di bekelan pare 
pagedongan, pandan wangi bibit Paibuan jeung paramaan.

"  Nyai hayu di jajapkeun ku Aki jeung Nini urang cukcruk ieu jalan 
pasampangan,sok  gera lengkahan eta jambatan sirotol mustaqim, omat 
ulah ngalieuk katukang jeung ningali ka handap, keun nyaimah da acan 
waktuna, lengkahan ti lebah dieu. Sok di do'akeun".


 Bray kuring beunta leng ngahuleng..., naon atuh nya? Beu!!

Baktos


Oeking
--- End forwarded message ---





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help Sudanese refugees rebuild their lives through GlobalGiving.
http://us.click.yahoo.com/V8WM1C/EbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke