Ari ceuk kuring mah, ketak unggal manusa mah moal lesot ti katuna. Jalma2 nu profesional, tangtu punjulna teh dina widang anu jadi garapanana. Lamun sagala rupa/unggal jelema (misalna urang Sunda) nu boga prestasi ditanya siga di handap, duka atuh, da jelema mah leungeunna ge ukur dua, sirahna ukur hiji!

Urang contokeun bae Ayip Rosidi. Ari anjeunna mah geus puguh icikibung dina widang sastra (& budaya umumna) Sunda, nya moal aya nu natanyakeun kontribusina kana kasusastran & pemikiran Sunda kiwari. Atuh contokeun deui Nano S. Puguh bae anjeunna mah da icikibungna ge dina widang seni tembang/kawih Sunda, moal aya nu natanyakeun kontribusina pikeun kamekaran seni Sunda. Contokeun deui Uwa Sas, saeutik2eun mah anjeunna teh tos mantuan miara kabeungharan kasusastran Sunda ku jalan ngempelkeun--utamana-- buku2 Sunda.

Kumaha lamun model Kang Yaya, atawa Kang Juragan Maikel Ontohod nu icikibung dina dunya panalungtikan & utusan pengawas nuklir ti PBB? Dunya teh teu saukur alam & urang Sunda. Mangga prak dina widangna sewang2an...

jk

On 9/5/05, Zamhur PAKUSARAKAN <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
terus kumaha aya teu hasilna keur kasundaan tah....
cigan.. teuaya nya'


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke