Nedunan Jangji Sim Kuring Ka Kang Waluya sareng Teh Ika perkawis referensi, referensi kuring nyaeta :
Untaian Karangan Snuck Hurgronye, JB Wolters, 1938, Terjemahan Tina Bahasa Walanda Karya - Karya Ilmiah sareng Artikel - Artikel Ti Bapa Olla S. Sumarnaputra (Anjeuna kantos ngawulang di UNPAD sareng kantos oge di Mangle) Karya - Karya Ilmiah sareng Artikel - Artikel Ti Ayathrohaedi (Anu kantos di muat sababaraha kali di Koran Pikiran Rakyat) Geschiedenis der Soenda-Landen, JCJ Hageman, 1867 Hindoe - Javaansche Geschiedenis, NJ Krom, 1926 Karya - Karya Ilmiah sareng Artikel - Artikel Ti Prof DR Barred Nathaffer (Barnas Nataatmadja) Karya - Karya Ilmiah sareng Artikel - Artikel Ti Prof DR Brower (kapungkur anjeunna kantos di UNPAR) Nagara Kertabhumi (Radya radya i Bhumi Nusantara) sareng Pararatwan Bhumi Jawadwipa Pangeran Wangsakerta, Transliterasi ku Bapa Saleh Danasasmita Sajarah Sunda, Bapa Saleh Danasasmita Sajarah Jawa Barat - Yuganing Rajakawara, Bapa Yoseph Iskandar Sasakala Pelabuhan Ratu Ti Anis Jati Sunda
Wah.... Kang Wisnu di mana linggih? Kuring kairut ku koleksi sumber2 rujukanana, mun pareng mah hayang nyalin...
Kang Waluya sareng Teh Ika leureus Lutung Kasarung tina pantun, mung carita eta oge kantos dianggo ku Walanda kangge "neunggel" urang sunda, Kitu deui carita Siliwangi Jadi Meong, Sangkuriang, Upami Roro Kidul sareng Kian Santang mah dinaggo ku Walanda kangge "neunggel" Islam (agama mayoritas urang sunda harita - bangsa Jajahan), atuh carita anu sanes sapertos Ciung Wanara, Palagan Bubat sareng Dipati Ukur, sok sanaos aya nu leureusna tapi di ageung - ageungkeun ku Walanda kanggo mecah belah (devide et empera) Sunda - Jawa.
Alah, pira ge dipeupeuh ku dongeng geus keok, na boga mental naon atuh ari urang Sunda teh? Teu payaan pisan mun enya teh keok ku ukur dipoyok dongeng...
Tah numatak eta, di Sunda mah, teu aya perang rongkah anu taunan sapertos Perang Padri, Perang Teuku Umar - Cut Nya Dien, Perang Pattimura sareng perang Diponegoro dina ngalawan Walanda, ku margi urang sunda mah tiasa "dilumpuhkeun" ku budaya na sorangan (Van der flas). Sok saha geura inohong Sunda anu ngalawan Walanda dina entragan eta?Geuning inohong Sunda jaman harita mah kalahkah nyobat sareng Walanda teh, batur mah toh-tohan, dug hulu peut nyawa berjuang ngalawan penjajah, ieu mah kalahkan nyobat!
Dina makalah hasil panalungtikan Sobana Harjasaputra ngeunaan bupati2 di Priangan (baca buku seri Sundalana ka... hilap deui, judul jilidna "Bupati di Priangan"), ku urang bisa kabaca hal nu di antarana jadi sabab saeutikna konflik frontal (baruntak) antara urang Sunda jeung Pamarentah Jajahan/Kompeni. Ku pinterna Walanda, para pamingpin/menak Sunda teh dijadikeun pamingpin pikeun rahayat Sunda, teu ieuh langsung ngajajah rahayat Sunda. Ari masarakat tradisional urang mah pan geuning condong ka kumawula ka nu kawasa, nya kari cepeng bae "nu kawasa"na, rahayat mah nyaho nurut bae. Kitu meureun intina mah. Antara para menak/pamingpin di tatar Sunda jeung Walanda teh aya simbiosis: kakawasaan lokal dijenengkeun ku Walanda, rahayat kumawula ka nu ngawasa.
jk
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

