"WALUYA : Kumargi kuring teu gaduh buku/artikel eta, kuamha upami
disalin we didieu, paling henteu kalimat-kalimat nu nyebatkeun mitos
sareng legenda sunda diropea ku urang Walanda. Sareng Prof Ayat ( Mang
Ayat) kuring kantos patepang sareng ngobrol waktos kopdar Kusnet di
Hotel Santika Jakarta. Mang Ayat katingalina cukup caket jeung urang
Kusnet komo sareng Kang Rahmat nu "ngageugeuh" di UI Depok. Cik
pangtaroskeun aya artikel ti anjeunna nu nyebatkeun mitos sareng legenda
Sunda teh diropea ku urang Walanda?"

KANG KUMINCIR : "Wah.... Kang Wisnu di mana linggih? Kuring kairut ku
koleksi sumber2 rujukanana, mun pareng mah hayang nyalin... "

Pami kanggo disalin mah panginteun moal tiasa, da saha anu bade nyalin
sa buku didieu? Pami kempelan artikel ti Bapa Ayat sareng Bapa Olla,
jisim kuring oge mung gaduh fotocopy kliping artikel sareng tulisan
nana, anu kaleureusan di koleksi ku Alm. Bapa Aom Achmad (LetJend TNI
Purn. Achmad Wiranatakusumah), pun bapa motocopyna ti Bapa Kol. Purn
Sambas Imamkenari, tah nujanteun soal saha anu kedah nyalinna ka dieu?
Kumargi salian ti panjang teh seueur deuih!

Pami Akang atanapi Kang Kumincir (Kang JK - punteun teu terang nami
aslina..) hoyong ngaos, tiasa ngirim email langsung ka abdi, ke ku abdi
dipasihan alamat, atuh etamah bade angkat nyalira atanapi urang
sasareungan ameungan ka rorompok di ciwidey, kaleureusan Buku - Buku nu
sanes namah koleksi pun bapa sareng Pun Aki.

Hatur nuhun.

All The Best,
Whisnu

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Waluya
Sent: Monday, September 05, 2005 12:16 PM
To: [email protected]
Subject: RE: [Urang Sunda] Re: Sajarah atawa babad (Nyai Loro Kidul -
sabangsa jin ? )

Kang Whisnu nyerat :
> Akang tiasa ngaos tilu referensi anu pangluhurna anu ku sim kuring di 
> uningakeun dina email nu ti payun.

WALUYA : Kumargi kuring teu gaduh buku/artikel eta, kuamha upami disalin
we didieu, paling henteu kalimat-kalimat nu nyebatkeun mitos sareng
legenda sunda diropea ku urang Walanda. Sareng Prof Ayat ( Mang Ayat)
kuring kantos patepang sareng ngobrol waktos kopdar Kusnet di Hotel
Santika Jakarta. Mang Ayat katingalina cukup caket jeung urang Kusnet
komo sareng Kang Rahmat nu "ngageugeuh" di UI Depok. Cik pangtaroskeun
aya artikel ti anjeunna nu nyebatkeun mitos sareng legenda Sunda teh
diropea ku urang Walanda?

Kang Whisnu nyerat :
> Punten Kang sakateurang abdimah jaman harita teh nu janteun pangawasa 
> the Gubenrnur Jendral Hindia Belanda, sapertos Snuck Hurgonye di Jawa 
> Barat sareng Van der Flas di Jawa Tengah atanapi Jawa Timur abdi ge 
> hilap.

WALUYA : Nu disebat Gubernur Jendral Hindia Belanda teh, sanes jabatan
gubernur jiga jaman ayeuna. Gubernur Jenderal teh Kepala Pemerintahan di
Hindia Walanda, wakil ti Ratu/ Raja Walanda di tanah jajahan ( Hindia
Belanda). Jadi upami dibandingkeun sami sareng jeung Presiden ayeuna.
Istana Merdeka, Istana Bogor jeung Istana Cipanas di Puncak teh Istanana
Gubernur Jenderal nu matak ayeuna janten Istana Presiden. Snouck
Hurgonje
(SH) teu kantos jadi Gubernur Jenderal Hindia Belanda, anjeunna
jabatanana penasehat dina masalah-masalah agama Gubernur Jenderal.

Baktos
WALUYA





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research
Hospital.
http://us.click.yahoo.com/ons1pC/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 







------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help tsunami villages rebuild at GlobalGiving. The real work starts now.
http://us.click.yahoo.com/T8WM1C/KbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke