Asmk.wr.wb.
sateuacana kuring nyuhunken pangapunten rehna dina acara kopdar minggu kamari teu tiasa ngiringan eta acara kulantaran harita geus pasini jeung mang Oman patepang sareng anjeuna di Kawali, enya sakalian ngalongokan bapana pun lanceuk jeung indungna pun rayi di ciamis.
Nya nganuhunkeun bae ka sadaya baraya anu parantos nunjuk tonggong kuring salaku Ketua Panitia Halal Bi Halal Kusnet 2005.
Ari hayangna mah hayang ngagorowok. Ngagorowok soteh pedah sieun teu sanggup mancen ieu amanah. Rumasa kuring mah loba ripuhna ku pagawean anu nyancang suku jeung waktu. Nya sieun ieu pancen teu kaawakan.
Mung, ras bae inget ka tali duduluran Kusnet anu geus kaalaman sorangan salila ieu. Maenya euweuh nu mantuan. Piraku bae atuh ieu hajatan bakal digawekeun ku sorangan.
Kulantaran kayakinan eta, kuring nyanggeman bae lamun dipercanten ku sadaya baraya janten Ketua Pelaksana.
Ka rengrengan penasehat, kuring nyunkeun usul jeung nasehatna oge piwurukna kanggo lancarna ieu acara. Ulah asa-asa, lamun tea mah arek nyarekan oge moal burung ditampi.
Ka rengrengan panitia, ulah pundung jeung bendu lamun si kuring rada tutuh titah, bongan geus nunjuk kuring jadi ketua, nya kudu daek lamun dititah ketua nya?
Ka sakumna anggota milis, kudu lamun henteu nya satiasa-tiasana ngusahakeun sumping dina acara Halal Bi Halal Kusnet taun ayeuna. Urang silih wanoh di alam nyata jeung mapapanjang tali silaturahmi.
Cag, sakitu bae heula.
Wassalam,
baktosna akos
*NB: kanggo rengrengan panitia, urang kordinasi kepanitian nganggo JAPRI bae.
ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh..
Baraya Kusnet sadaya,
Acara Kopdar anu diayakeun dina dinten minggu, ping 4 September di
Asrama Mahasiswa "Pondok Séngkéd Adi Sanggoro", Cangkurawok,
Darmaga Bogor, Alhamdulillah parantos kalaksana kalayan teu aya
rintangan
naon-naon.
Susunan Panitia Halal Bihalal
-----------------------------------
- Penanggung Jawab : Uwa Siddik Wiradiredja
- Penasehat : Uwa Sasmita, Mang Jamal, Kang Maman Gantra, Kang Tirta
Wijaya
- Ketua Panitia : Kang Akos Kosasih
- Sekretaris : Kang Ikmal, Teh Tia
- Bendahara : Teh Imas Mustakim
- Humas : Kang Nanang, Kang Runa Inawan
- Seksi Acara : Mang Oman, Teh Nenny "Ambu", Kang Hendri
- M/C : Kang Gunawan Yusuf, Kang Casnan, Kang Taopik
- Seksi Konsumsi : Kang Surya, Teh Iva, Teh Pupi, Teh Anna, Teh Mia
- Seksi Akomodasi/peralatan : Kang Rezza, Kang Dudi, Kang Hendra &
Kang Yayan
- Seksi Dokumentasi : Kang Rachmat Rawyani, Kang Hari "Bowie" Wibowo
- Seksi Olah raga/Kasenian : Kang Tantan, Kang Irfan, Kang Dadang &
Kang Herdiansyah
- Seksi Umum : Kang Kumi, Kang Cepi, Kang Romi & Kang Adeng
* Hatur nuhun anu parantos sayogi sareng ngacung nampi pancén
janten panitia
* Punten oge anu katunjuk tonggong, disuhunkeun rido galihna kanggo
nampi ieu amanah.

Apakah Anda Yahoo!?
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! mempunyai perlindungan terbaik terhadap spam.
http://id.mail.yahoo.com/
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.