wa alaikum salam, rampes Kang Asep Nendar,..naha nami teh mirip dalang kahot Asep Sunandar? he...muhun, ieu teh nembe distop ku SBY pagelaran wayang golek di TPI saban malam minggu teh,...abdi ge mung ukur tiasa nongton tungtungna,..ka beh dieu na mah nonton nu live bae lah...tur tiasa patepang langsung sareng Asep Sunandar pami kitu mah pan lumayan,...nya upami Kang Asep sono2 teuing mah atuh mangga tiasa diklik we situs ieu; www.wayanggolek.net, kagungan Kang Cepi balad abdi. Aya profil sababaraha tokoh wayang di lebetna, mangga sumpingan eta website,...tiasa oge mesen wayangna.
 
Ieu abdi mah gaduh referensi we sakedik undak usuk wayang golek, da mung ku hobi tea....yen wayang golek, muasalna saurna, ti dataran tinggi Parahyangan atanapi ti karajaan Pajajaran sakira abad 15 an mah. Janten ti jaman pra-Islam keneh mimiti bibitna mah, ti Pajajaran nyekel agama Sunda keneh, nya, antawis jaman penyebaran agama Hindu-Budha-Islam, kitu lah. Kawitna mah ti Jawa keneh, ti Sunan Kalijaga, teras ka beh dieu na keun Sunan Giri, salah saurang Wali Songo ngadamel wayang tina kayu, dicandak ka Cirebon, teras weh nyebar ka dataran Parahyangan.
 
Ti kawit taun 1964, sababaraha dalang wayang golek harita sapertos Partasuwanda, medarkeun nu disebat wayang golek modern. Boh tina seni pagelarana, oge tina carios wayangna supados langkung bervariasi. Aranjeuna hoyong medarkeun carios nu sejen, salian ti Mahabarata atanapi Ramayana, nu cenah berbau agama Hindu teuing. Ku kituna lahir weh carios Babad Pajajaran nu nyaritakeun lebetna agama Islam ka Jawa Barat. (Ensiklopedi Wayang Indonesia,1999:597)
Mangga ah, salajengna mah urang diskusikeun deui we atuh sareng baraya Sunda nu aya di Kusnet itu. Ruaos abdi mah sanes ahlina. Cag.
 
iwa


Sunendar <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamualiakum,Wr,Wb

Sampurasun saderek2 sadayana? kumaha daramang?
Sateuacana abdi bade nepangkeun nami abdi: Sunendar biasa
disauran mah ASEP (Anak Sunda Emang Paten),punten ah ieu
mah heureuy.
Abdi kawit pituin urang bandung tapi tos ampir 6 taun
ngumbara di pulo Batam,sok sono pisan ka lembur kajabi
tebih,katambih sono pisan hoyong ngabandungan wayang golek
sapertos di lembur.
Abdi gatuh patarosan ka saderek sadayana,kumaha sajarahna
wayang golek,ngawitan iraha ayana kasenian eta teh?
Hatur nuhun kana perhatosanana,enggal dibales.

Sunendar
========================================================================================
Semarakkan Ulang Tahun Kemerdekaan RI dengan mengikuti TelkomNet Netkuis 17-an
Dari 17-08-2005 s.d 17-09-2005. Dan dapatkan hadiahnya..!! hanya di http://netkuis.telkom.net
========================================================================================




Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke