hehe. nya urang sunda mah, teu ngan AR wungkul. sing saha bae nu ngaku US nya US. rek hade rek goreng. mangga. teu kudu jadi inohong boga imah sigrong siga rorompok korong.
nu kaharti ku si kuring mah, sigana ketang, kahayang AR teh US teu ngagugulung Sunda dina palebah mistis atawa sajabana. dan soal Prabu Siliwangi teh jadi teu jauh ti konsep Ratu Adil atawa Imam Mahdi jeung sajabana. jadi puseur panghareupan dina keur susah.
AR kamari nyarios, yen basa US dikuasa Mataram (dijajah urang jawa), Prabu Siliwangi teu muncul pikeun nulungan US. basa Kompeni datang, ngajajah, sarua, PS teu datang oge. ayeuna RIT keur ripuh, teu mucunghul oge. Hartina, ceuk si kuring, elemen spiritual US nu boga PS salaku tokoh legendaris teu ngajadikeun sumanget nu matak bisa ngaronjatkeun hirup hurip sakumna US. atawa US angger we ku cara hirupna, nu ceuk kuring mah individualis-federalis.
paralun, teu bisa neuleuman pikiran batur. hehe. kamari basa nangtoskeun iraha deui ngumpul pikeun ngabahas-nyundakeun istilah IT jeung sajabana, ceuk si kuring,"nya da abdi mah urang Bandung, iraha bae tiasa, kumaha bisana Urang jawa,". haha. AR surti. da imahna di Pabelan Magelang. nya nangtoskeun sakalian ka Jkt cenah, aya kumpul di Akademi Kesenian Jakarta, 24-25 september. kumpul perkawis nyundakeun basa deungeun, rencana teh 22-23 sept atawa saatos 25. wadahna Pusat Studi Sunda, nu pupuhuna Prof. Dr. Edi S. Ekadjati, kamari teu sumping. ngan awa wakilna, Prof. Dr. Chaedar Al-Wasilah, profesor bahasa Inggris UPI.
On 9/6/05, bagja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
mj + dulur nu sejen,
sim kuring jadi tatanya--tepatna mah muncul pertanyaan deui. ki ajip salawas
25 tahun (ti nulis manusia sunda dugi ka ayeuna) ngilari "sosok" urang sunda
sareng saha "sosok" anu kira-kira ngawakilan urang sunda. teu nimu.
makalahna jelas nyiratkeun panolakan eta. jadi, nu kumaha "sosok" urang
sunda can keneh bisa dirumuskeun. boa-boa ki ajip sorangan anu ngawakilan
"urang sunda" teh.... :-))
ka ki ajip, punten sanes culangung.
bagja
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

