Lah, jadi panasaran hoyong mairan yeuh!
Ceuk kuring mah aya perbedaan tolok ukur jeung
perspektif dina "mencari sosok manusia Sunda" jaman
mang Ayip baheula jeung ayeuna.
Upama baheula mah sosok manusia Sunda teh ditingali
tina kiprahna anu boga pangaruh kana skala nasional
atawa global,pokona maha anu sarwa gede, monumental
jeung sarwa "wah" bae pokona mah.
Memang jaman harita mah kiprah urang teh ditungtut
siga kitu.
Tapi ayeuna mah, jaman global justru ditungtut kudu
siga kacapangan/papagon 'mikir global, tapi tindakan
lokal'.Kapaning pangaruh kapitalisme teh sakitu
ngaglobalna, tapi da saleresna mah justru dijadikeun
alat pikeun kauntungan bangsa/nagara masing-masing. Ku
taktik global USA ngalindungan kapentingan jero
nagarana sorangan. Ku taktik global, Uni Eropa ngan
saukur miara kepentingan nagara eropa sorangan. Kitu
oge Jepang, Korea jeung Cina. Lamun enya bener-bener
global mah maranehanana teh pasti moal pakektrok dina
pasualan ekonomi.
Tah lamun ayeuna ditarik kana pasualan "menacari sosok
manusia Sunda", atuh teu tiasa tolok ukur jaman mang
Ayip diterapkeun ka jaman kiwari. Dina kapasitas
kasenian, Doel Sumbang, mangrupakeun salah sahiji
sosok Manusia Sunda. Dina kapasitas hiburan, grup
lawak SOS salah sahiji sosok manusia Sunda kiwari.
Soal da'wah mah pastina sosok manusia Sunda aya di AA
Gym.
Kumaha tah sosok manusia Sunda di kalangan pejabat?
Tong ngaharepkeun neangan sosok Manusia Sunda ti
kalangan pejabat, salila birokrasina masih siga
ayeuna, anu masih "numpurkeun" kana budaya karuhun.
Ceuk kuring mah mending ayeuna mah, urang nyieun ramat
lancah wae. Ku jalan kitu saeutik-saeutik
nyosialisasikeun sosok manusia Sunda. Kaluaranana (out
put)na tong ngahareupkeun manusia Sunda siga
Mang Ayip, tapi rewuan manusa ilahar wae anu boga rasa
jeung kabeungkeut ku rasa kasundaan anu kentel.
Kahareup, rewuan manusa Sunda siga kieu anu bakal
leuwih hebat, batan hiji mang Ayip.
Tong serab ku hiji mang Ayip, anu diperlukeun jaman
kahareup mah rewuan sosok "manusia Sunda" anu biasa
wae.
baktos,
mrachmatrawyani
--- kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> On 9/6/05, Kang Maman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Teras dina makalah anjeuna nyinggung perkawis buku
> > Sangkakala Padjadjaran karangan Ir. Hidayat S,
> duka
> > kumaha upami anjeuna(Kang Hidayat) ngaos eta
> makalah!.
> > Upami numutkeun protokeler pemerintahan di
> > jawabaratmah anjeuna teh jalmi no.3 nu ngageugeuh
> > jawabarat, nu kahiji gubernur, nu kadua nyatana
> ketua
> > dprd nu katilu nyaeta sekda, anjeuna tea.
______________________________________________________
Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort.
http://store.yahoo.com/redcross-donate3/
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today!
http://us.click.yahoo.com/O4u7KD/FpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/