> On 9/6/05, Agus Hermawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Minggu kamari, jalan-jalan ka Cihampelas. > Macet. Bandung Lautan Jakarta! Urang Jakarta pindah kabeh ka Bandung. > Di Ciwalk keur aya acara "Aki no Matsuri".
Duh, enyaan waktu "long weekend" kamari mah Bandung Kaler macet pisan, diserebu ku batur salembur Kang Agus Her. Kabeneran kuring kudu rapat di salah sahiji kantor di jalan Dayang Sumbi, ditambahan ku aya ondangan satilu-tilu. Jam 12 rapat can anggeus wae keneh, kapaksa permisi, da kudu ka ondangan, era nu ngondangna tatangga. Barang bijil ti kantor di Jalan Dayang Sumbi, asrod ....asrod teh mobil hese kaluar, rek asup ka jalan Dago wae nu jarakna paling oge 300 meter, aya kana 20 menitna. Tepi ka ondangan nu kahiji, geus leuwih jam satu, kapaksa ukur sasalaman jeung biasa ngamplop, ber deui ....ka ondangan nu kadua, ieu ge sarua, sasalaman jeung ngamplop. Waktu geus ampir jam dua, seleber deui ka gedung nu hiji deui, telat ......da tepina satengah tilu, geus bubaran, panganten geus rek balik, kapaksa norobos, sasalaman ngawilujengkeun, ngan rek ngasupkeun amplop geus euweuh tempatna, tempa-tempo weleh teu kapanggih, jigana mah geus diampihan, kapaksa we amplop teh disakuan deui ....hehehehe Baktos, WALUYA ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org! http://us.click.yahoo.com/Ryu7JD/LpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

