> Pasea? abdi jeung bah Willy? Hahahaha.....saha nu pasea? kuring oge terang nu ngadamel postingan eta sanes kang Akos, kang Akos ukur ngaforwardkeun. Kuring memang rada "sensitif" lamun hal nu kieu teh. Sabab aya lalakonna. Pun Aki baheula waktu di jaman Walanda, tukang ngibing Tari Topeng meunang guguru ti Cirebon. Ceuk beja mah pun Aki teh sok jadi juara wae, sanajan diadukeun jeung ibing "keurseus" meunang kreasi urang Bandung oge. Sanggeus merdeka, pun Aki teh hayang nurunkeun elmu ngibingna, nya ngajar ka barudak tatangga. Kaleresan deuih pun Aki harita jadi lurah. Na atuh di Bale Desa teh aya corat-coret nu pokona mah eta teh maksiat. Pun Aki nurut, cenah mah tinimbang ribut. Ngajar ngigel teh ditutup, gamelan sadayana dijualan. Ti harita pun Aki alim deui, nunjukkeun kamaheranana, boh dina ngibingna atawa ngajarkeun ka batur. Sanajan kuring digedekeun ku pun Aki (kuring dikukut Aki), Aki teu kantos nyaritakeun hal ieu, ngan saatosna pupus, aya nu nyarita ku naon pun Aki dugi ka kapok kitu.
Kaduana kuring oge teu resep manehna mere cap Tasik geus robah, saolah-olah ayeuna mah Tasik teh loba maksiatna, ukur kulantaran aya dangdut dihareupeun pasantren jeung acara 17 agustusan. Ah ...nu leres we, jiga lain mahasiswa wae! Baktos, WALUYA ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org! http://us.click.yahoo.com/Ryu7JD/LpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

