Muhun kang Deny si teteh sapuk, da tukang di kerok tos janten kabiasaan....komo upami lebet angin teu acan di kerok mah, sanaos ka dokter ge rarasaan can tuntas. Tah upami tos dikerok sok ngemplong harampang. Tapi aya teu nya indikasi teu sae alatan di kerok..?
 
teh ipeut
(pecandu kerok + peuseul ..he he)

denysuwarja2k <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Anu karasa ku kuring mah anu mindeng di kerok, karasa pisan mangfaat
dikerok teh. Mun asup angin atawa jangar wae, dikerok we ku jikan!
Teu satengah jam langsung harampang awak teh!
Atuh resiko kulit jeung belang jiga zebra mah teu masalah da
katutupan. Jeungna oge batur geus arapaleun ieuh, mun urang kulit
tonggong beureum pasti geus dikerok!
Alat kerokan jeung perihal kerokan geus dibuktikeun ilmiah, mun teu
percaya pek daratang ka toko Sakura tah di Jalan Pajajaran....!
(Lain promosi ieu mah!) aya geura alat jeung bukuna!

Hidup kerok, hidup kerik, hidup kulit belang, anu jelas mah lamun
geus dikerok abdi tiasa teurab sareng bobos.....!

Deny
--- In [email protected], abah kasep <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> Ahh disedot kusaha???
> Bekam mah tiasa ngaluarkeun getih ti mana wae.... (tina mastaka,
punduk, sampeyan, jrrd).
> Bekam teh salah sahiji pengobatan ti junjungan urang Rasululloh
SAW....



>
> iva wanti <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kantenan atuh bah nu didonorkeun mah darah bersih. Abah lepat
hartos. Maksadna ieu mah pami teu lepat nya, mung asana mah leres.
Dina 4 bulan sakali darah mun didonorkeun janten sehat teh sabab
tiap langkung ti 4 sasih si darah nu aya dina awak urang bakal
janten kotor. Tah, ti nimbang ayeuna darah kotor eta, nu tangtos
sateuacanna beresih, mending ku urang didonorkeun daripada disedot.
>
> Baktos,
> Neng Iva
>
> abah kasep <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Benten atuh Neng Iva..upami "donor" mah ...masihan getih anu
beresih....
> upami bekam.. ngaluarkeun getih kotor...
> (maenya atuh masihan banda anu goreng/kotor ka batur.....
siga "getih bulanan" wanoja pan teu tiasa di"donor"keun?)..
> punten upami lepatnya!
> Abah
> (hoyong "donor" deui ahh)
>
> iva wanti <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ceuk raraosan abdi ge mendingan didonorkeun daripada dipiceun mah.
Ngadonorkeun ge salahsahiji mangpaatna bisa miceun getih kotor
samemehna, leuwih ti 4 bulan nya. Jadi mun bisa 4 bulan sakali
didonorkeun ngarah sehat.
> Kang Dokter....abdi ge bade tumaros. Kunaon nya pami urangna nu
ngerok sok karaos seueul. Aya "getarananana" (hubunganana) kitu kanu
ngerokna....??

> Neng Iva
>
> kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ki Daeng, sakantenan ah neraskeun jejer dikerok...
>
> Simkuring ge tos sababaraha kali nguping perkara teu hadena dikerok
> teh, di antarana tatu kulit nu bisa ngabalukarkeun infeksi. Keur
mah
> deuih, ari model awak kuring mah teu kandel dagingna, jadi mun rek
> dikerok teh teu tega, da bakal langsung benggolna trangtreng jeung
> tulang... hehe
>
> Di urang populer deui perkara disedot getih (bekam tea kitu), pajar
> teh cenah pikeun ngaluarkeun getih kotor, jeung deuih mun geus
> dikaluarkeun getihna teh sok karasa seger, harampang. Ari kuring
mah
> can kungsi kikituan teh, can nanaon ge geus linu ti heula...
> Patarosan simkuring, naha leres ayana istilah "getih kotor" teh?
> Sareng naha eta teh valid, aya dalil2na tina segi elmu
> tatamba/kadokteran? Sakaterang simkuring mah, rasa seger &
harampang
> teh sarua karasa nalika urang tas ngadonorkeun getih. Janten,
daripada
> dibekam, mending keneh sakalian donor darah. hehe... Leres kitu?
>
> jk
>
> On 9/6/05, dadang rukanta <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Prkawis kerok, muhun aya mangfaat nyaeta ngalancarkeun kokocor
jalan
> > getih oge. Maksadna lancarna kokocor getih nu nyangked
(stagnan), nu
> > karaosna pegel, cangkeul, teu raos di lebet (di istilahkeun lebet
> > angin). Ku jalan dikerok dina tonggong (kalebet wilayah nu cekap
> > luasna). Jalan getih janten lancar, tapi sanes kana jalan getih
nu
> > sakedahna, margi ku jalan dikerok pirang2 urat getih nu aralit
> > (kapiler) rajet , getih nyaliara dina handapeun kulit (tandana
> > beureum ngageleng). Ageung reikona ku margi  (1) Muka lawang
sigotaka
> > pikeun asupna bakteri/kuman liwat rajetna kulit jeung jalan getih
> > tilas kerokan (2) Saha nu terang duit bengol nu dipake ngerok teh
> > beresih, kumha pami tilas dikolomoh nu HIV (+) atanapi HBS Ag
> > (+)/Hepatitis hehe. kalituna (3) Pasti diseuseulan kunu kagungan
awak
> > urang (Gusti), Naha cenah ongkoh keur ngubaran tapi nyiksa kulit
nu
> > teu tuah teu dosa hehe deui...pan aya cara lianna nu langkung
aman
> > (meuseul, sauna, tuang landong jrrd).
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
>
>
> ---------------------------------
> Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort.
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
>
>
>
>
> ---------------------------------
> YAHOO! GROUPS LINKS
>
>
>     Visit your group "urangsunda" on the web.
>  
>     To unsubscribe from this group, send an email to:
>  [EMAIL PROTECTED]
>  
>     Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of
Service.
>
>
> ---------------------------------
>
>
>
>            
> ---------------------------------
>  Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort.


Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke