Waalaikumsalam wr. wb.
Hapunten kang Dadang, ieu serelek nembe kapendak di korehan tina 2370 serelek, untung kapendak.
Hatur nuhun kang Dadang Infona parantos di simpen, malih tos di print, tiasa kanggo info di sakola di ruang UKS.Janten meuseul mah teu nanaonnya kang...!, ah...bade dikirangan waenya kerokan nana, da tos nyandu, duka sugesti panginten, upami teu di kerok rarasaan can sehat.
Bade di cobi liren kang..!
Wassalam
teh tien
dadang rukanta <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
dadang rukanta <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum wr. wbr.
Mugia urang sadaya teu weleh kenging barokah Gusti, digampilkeun dina
enggoning ngudag ridho Mantenna, Amin
Ngawaler kapanasaran teh Tien perkawis meuseul jeung ngerok, tiasa
kadugikeun yen meuseul ageung mangfaat na upami prak-prakan nana
leres, nanging perkawis ngerok sapamendak sim kuring langkung ageung
resikona dibanding mangfaatna.
Meuseul kalintang saena kanggo ngalancarkeun kokocoran jalan getih
dina daging, utamina kanggo ngalancarkeun kokocoran getih kotor
(vena), nu ngandung sarupaning sesa 'metabolisme'. (ciri pami sesa
'metabolisme' teu ka angkut ku getih kanggo dibersihkeun di bayah,
nyaeta pegel en cangkeul. Istilah basa deungeun na, mekanisme
'pumping efect'. Tah kumargi kitu cara anu leres kanggo meuseul
nyaeta;(1) Arah meuseul kedah sajalan sareng arah ngalirna jalan
getih kotor (dari distal ke proximal-ngadeukeutan jantung). (2)
Saluyu sareng papagon 'soft presure'. Janten kakitan neken meuseul
cekap kanggo ngaleuleuskeun daging (muscle relaxation). (3) Dina
prakna hanteu sakali, tapi sababaraha kali dina arah anu sami
(frekwen). Sakitu tah teteh, ngeunaan minyak gosok jeung sajabana nu
dibalur eta teh supados teu seuseut. Nganggo jahe atanapi balsem
haneut oge sami. Sok tah geuran jaranten tukang meuseul.. lumayan
'side job' ;-).
Prkawis kerok, muhun aya mangfaat nyaeta ngalancarkeun kokocor jalan
getih oge. Maksadna lancarna kokocor getih nu nyangked (stagnan), nu
karaosna pegel, cangkeul, teu raos di lebet (di istilahkeun lebet
angin). Ku jalan dikerok dina tonggong (kalebet wilayah nu cekap
luasna). Jalan getih janten lancar, tapi sanes kana jalan getih nu
sakedahna, margi ku jalan dikerok pirang2 urat getih nu aralit
(kapiler) rajet , getih nyaliara dina handapeun kulit (tandana
beureum ngageleng). Ageung reikona ku margi (1) Muka lawang sigotaka
pikeun asupna bakteri/kuman liwat rajetna kulit jeung jalan getih
tilas kerokan (2) Saha nu terang duit bengol nu dipake ngerok teh
beresih, kumha pami tilas dikolomoh nu HIV (+) atanapi HBS Ag
(+)/Hepatitis hehe. kalituna (3) Pasti diseuseulan kunu kagungan awak
urang (Gusti), Naha cenah ongkoh keur ngubaran tapi nyiksa kulit nu
teu tuah teu dosa hehe deui...pan aya cara lianna nu langkung aman
(meuseul, sauna, tuang landong jrrd).
Kitu tah teh tien oge baraya sanesna mugi tiasa kahartos..
Hatur nuhun.. Wassalamu'alaikum
DR
Aeh.. Barakallahu laka Wabaroka alaika Wajama'a kuna fi khoirin..
Kanggo nu tos jatukrami, pasini jangji, asih pakait na ati, oge kanu
bade.. jaga mugi enggal dituduh keun jodona ku Gusti.
______________________________________________________
Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort.
http://store.yahoo.com/redcross-donate3/
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

